10 Warga Desa Tugumulya Kuningan Karacunan, Saurang Tilar Dunya, Biangna Diduga Tina Supa

- 21 November 2023, 19:54 WIB
Pulisi dibantu ku Babinsa Desa Tugumulya, masang tanda wates di lokasi dialana supa ku warga, di lahan kebon sabudeureun Dusun Tugu, Desa Tugumulya, Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan, Poe Rebo, 21 November 2023.
Pulisi dibantu ku Babinsa Desa Tugumulya, masang tanda wates di lokasi dialana supa ku warga, di lahan kebon sabudeureun Dusun Tugu, Desa Tugumulya, Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan, Poe Rebo, 21 November 2023. /Ajun Mahrudin/

GALURA-Aya 10 urang warga di Desa Tugumulya, Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan, anu kabejakeun karacunan. Ari anu ngalantarankeunana, diduga alatan ngadahar supa meunang ngasakan di imahna sewang-sewangan.


Tina reana warga anu karacunan,  hiji di antarana nepika tilar dunya nyaeta Juma (60). Anu sejenna mah semet dirawat di RSU’45 Kuningan, geus baralik deui ka imahna sewang-sewangan. Aya saurang deui anu masih keneh dirawat.

Sajaba Juma, anu ngarandapan karacunan diduga alatan ngadahar supa teh nyaeta Arti (58), Sopian (50), Heriyana (20), Surja (60), Kusna (55), Entin Wartini (50), Ani Andelia (19) jeung Nendi.

Samemehna, H (72), warga Dusun Tugu, ngala supa di lahan kebon milik warga, perenahna henteu jauh ti pilemburan Dusun Tugu. Manehna henteu ngahaja rek ngala supa, ngaliwat nempo supa ngajajar tuluy diala.

Ceuk H, supa anu diala teh di Dusun Tugu mah disebutna supa kidang. Meh sarua jeung anu disebut tanduk, supa bulan, ngan anu disebut supa kidang mah laleutik. Supa kidang geus biasa diala ku warga, diasakan dipake deungeun sangu.

“Satadina mah bade diasakan di rorompok, di tempat ngical kalapa aya anu nyuhunkeun. Nya ku abdi dipasihan. Sim kuring oge ngasakan dianggo deungeun sangu, teu ngarasa karacunan,” ceuk H.

Kasatreskrim Polres Kuningan, AKP I Putu Ika Prabawa Kartima Utama, pihakna geus menta katerangan jeung nyusud anu aya patalina reujeung eta kajadian.

Dumasar katerangan H, ceuk Putu, manehna henteu apal naha eta supa teh ngandung racun atawa henteu, bisa didahar atawa henteu. Satadina oge pikeun sorangan, tapi di jalan aya aya nu menta.

“Ieu sipatna masih dugaan, naon anu ngalantarankeun warga karacunan teu acan kacindekan. Nu kaalaman ayeuna, warga muel saparantosna nuang supa anu diasakan di bumina sewang-sewangan,” ceuk Putu.

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah