Alatan GENIUS Ngungkulan Stunting, Kabupaten Bandung Dileler Pangajèn ti Bapanas

- 9 Desember 2023, 11:27 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngintruksikan sangkan ASN di lingkungan Pemkab Bandung jadi bapa atawa indung kukut ti budak stunting.
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngintruksikan sangkan ASN di lingkungan Pemkab Bandung jadi bapa atawa indung kukut ti budak stunting. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Pamarèntah Kabupaten (Pemkab) Bandung dileler pangajèn pinunjul ka-1 Kategori Kabupaten Berkomitmen untuk Keberlanjutan Pelaksanaan Gerakan Edukasi dan Pemberian Pangan Bergizi untuk Siswa (GENIUS) ti Badan Pangan Nasional (Bapanas) atawa National Food Agency (NFA).

Pangajèn dipasrahkeun ku Plt Sekretaris Utama NFA, Sarwo Edhy ka Bupati Bandung, Dadang Supriatna, nu diwakillan ku Kepala Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan (Dispakan) Kabupaten Bandung, Ina Dewi Kania di IPB International Convention Centre, Bogor, Juma'ah, 8 Desember 2023.

"Alhamdulillah, kana ieu pangajèn simkuring nganuhunkeun ka NFA, Bapanas, " ceuk Bupati Bandung.

Baca Juga: Bedas Ngaleuweung IV Pemkab Bandung Umajak ka Masyarakat sangkan Jadi Pahlawan keur Lingkungan

Dibarengan Kepala Dispakan Kabupaten Bandung Ina Dewi Kania, Dadang Supriatna nètèlakeun, program GENIUS teh salasahiiji ti 13 program strategis nu diapungkeun ku Pemkab Bandung.

Ceuk Dadang Supriatna, Pemkab Bandung ngaubkeun masarakat  aktip dina program GENIUS.. "Simkuring saparakanca ogè ngaubkeun kulawargi siswa kanggo aktip dina program GENIUS, " pokna.

Iawal ti kitu Pemkab Bandung ogè kolaborasi jeung sakola pikeun guruna sangkan ngaedukasi ngeunaan gizi saimbang. Ku ngaubkeun masarakat Pemkab Bandung bisa nguatkeun lajuna program GENIUS jeung mastikeun mangfaatna karas ku sakumna masarakat.

"Simkuring saparakanca  komitmen ngalaksanakeun gerakan pemberian makanan tambahan (PMT) kanggo ibu hamil sareng balita di daerah rawan stunting sareng di daerah rawan pangan," ceuk Dadang Supriatna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah