Bedas Ngaleuweung IV Pemkab Bandung Umajak ka Masyarakat sangkan Jadi Pahlawan keur Lingkungan

- 9 Desember 2023, 06:05 WIB
Kepala Dinas Lingkungan Hidup Kabupaten Bandung, Asep Kusumah.
Kepala Dinas Lingkungan Hidup Kabupaten Bandung, Asep Kusumah. /

 

GALURA.CO.ID - Pamarèntah Kabupaten (Pemkab) Bandung , poè ieu, Saptu tepi ka Ahad, 9-10 Desember 2023, ngalaksanakeun kagiatan Bedas Ngaleuweung (Ngamumule Leuweung) IV sakalian mièling Hari Menanam Pohon Indonesia (HMPI) tingkat Kabupaten Bandung taun 2023.

Bedas Ngaleuweung IV dilaksanakeun di Wana Wisata Batu Kuda Kampung Cikoneng, Desa Cibiru Wetan, Kecamatan Cileunyi, Kabupaten Bandung.

Dina Bedas Ngaleuweung IV geus dirarancang runtuyan kagiataan, salasahijina pamasrahan pangajèn ti Bupati Bandung, Dadang Supriatna ka para pihak nu milun aub patali jeung lingkungan hirup.

Baca Juga: Bupati Bandung Rembug Bedas di Tilu Desa Camat Pasirjambu Nganuhunkeun

Ti mimiti program kampung iklim (proklim), pembina proklim, sekolah Adiwiyata, inspirasi bersih, inspirasi hijau, penanam teraktif individu jeung kelompok.

Sajumlah narasumber ogè baris cumarita ngeunaan hal- hal jeung isu lingkungan pikeun mèrè luang ka masarakat dina tatèkah memener lingkungan.

Kepala Dinas Lingkungan Hidup Kabupaten Bandung, Asep Kusumah nètèlakeun, Bedas Ngaleuweung, dina raraga nguatkeun  visi misi Kabupaten Bandung Bedas: 

"Mengoptimalkan pembangunan daerah berbasis partisipasi masyarakat yang menjungjung tinggi kreatifitas dalam bingkai kearifan lokal dan berwawasan lingkungan."

Baca Juga: Keris Naga Siluman jeung Keris Setan Kobar, Keris ti Tatar Sunda  Masih Diteteangan ku Kolektor Keris Pusaka

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x