Sayaga Nyanghareupan Musibat Alam, Iip Hidajat : Tumuwuhkeun Deui Kaarifan Lokal

- 8 Desember 2023, 19:55 WIB
Penjabat Bupati Kuningan, R. Iip Hidajat (tengah)
Penjabat Bupati Kuningan, R. Iip Hidajat (tengah) /Ajun Mahrudin/

GALURA: Dina ngaronjatkeun kasayagaan nyanghareupan musibat alam urug jeung caah, penting pikeun netepkeun personil jeung  sarana di posko-posko anu geus dibentuk.

Eta hal dikedalkeun ku Penjabat Bupati Kuningan, R. Iip Hidayat, basa Apel Siaga Bencana Meteorologi Banjir jeung Longsor, di Lapang Sepakbola Kelurahan Ciporang, Kecamatan Kuningan, Poe Jumaah, 8 Desember 2023.

Anu mokalan eta kagiatan teh Kodim 0615/Kuningan, anu dipupuhuan ku Dandim Letkol INF Bambang Kurniawan.

Baca Juga: Nyinglar Caah, Puluhan TNI Kodim Kuningan Ancrub ka Walungan

 

Ku cara kitu, ceuk Iip, bisa ngabantu saupama mucunghul  musibat alam boh urug boh longsor.

Sajaba ti kitu, ceuk Iip, pikeun ngahudang kasadaran masarakat dina ngaronjatkeun kawaspadaan jeung kasiapsiagaan bencana.

Baca Juga: Inggis Caah, Runtah di Walungan CI Tamba Dibongkar

“Dipiharep tiasa ngaronjatkeun partisipasi sareng  ngawangun budaya tanggap sareng  siaga, sadar bencana tur tumuwuhkeun deui budaya kaarifan lokal,” ceuk Iip.

Anu dimaksud kaarifan lokal ku Iip raket patalina reujeung kabiasaan masarakat di sababaraha daerah rawan bencana di  Kuningan.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah