Nyinglar Caah, Puluhan TNI Kodim Kuningan Ancrub ka Walungan

- 7 Desember 2023, 06:45 WIB
TNI Kodim 0615/Kuningan keur beberesih di walungan CI Peundeuy, sabudeureun Desa Maniskidul, Kecamatan Jalaksana, Poe Rebo. (6/12/2023).
TNI Kodim 0615/Kuningan keur beberesih di walungan CI Peundeuy, sabudeureun Desa Maniskidul, Kecamatan Jalaksana, Poe Rebo. (6/12/2023). /Dok Kodim 0615/Kuningan/

GALURA-Mangsa ngijih atawa usum hujan, di sababaraha daerah hususna wewengkon Kabupaten Kuningan sok kabejakeun urug jeung caah.

Ari sabab musababna, sajaba hujan anu mingkin kerep, ngamalirna cai kapendet atawa kahalangan runtah.

Pikeun nyinglar kajadian anu henteu dipiharep, tarekah dilakonan ku sababaraha pihak anu paduli kana lingkungan.

Baca Juga: Ngamumule Leuwi Cimonte, Tarekah Ngungkulan Nyayeudna Runtah di Walungan

Kawas anu dilakonan ku rengrengan Kodim 0615 Kuningan, beberesih di sabudeureun walungan CI Peundeuy, lelewek Desa Manis Kidul, Kecamatan Jalaksana, Rebo, 6 Desember 2023.

Sajaba puluhan anggota Tentara Nasional Indonesia (TNI) Kodim 0615 Kuningan, anu aub dina "Gerakan Kebersihan" di sabudeureun walungan CI Peundeuy, rea oge pihak sejen milu ngadeudeul dina eta gerakan kabersihan teh.

Ti antarana unsur Pemerintah Desa Maniskidul Jeung Muspika Kecamatan Jalaksana, kaasup anggota Polsek, Koramil Jalaksana.

Dandim 0615 Kuningan, Letkol Inf Bambang Kurniawan mere komando dina eta kagiatan anu dipuseurkeun di eta walungan, deukeut reujeung objek wisata Cibulan.

 

Dandim 0615/KNG Letkol Inf Bambang Kurniawan, nyebutkeun beberesih di walungan CI Peundeuy, anu utamana mah nyinglar caah alatan walungan pinuh ku runtah.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah