DPUTR Kabupaten Bandung Mastikeun 11 Indikator Kacumponan ku Perumda Air Minum Tirta Raharja

- 26 Juni 2024, 20:18 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna narima pangajèn nu dipasrahkeun Direktur Air Minum Ditjen Cipta Karya Kementerian PUPR, Anang Muchlis di Yogyakarta, Rebo, 26 Juni 2024.
Bupati Bandung Dadang Supriatna narima pangajèn nu dipasrahkeun Direktur Air Minum Ditjen Cipta Karya Kementerian PUPR, Anang Muchlis di Yogyakarta, Rebo, 26 Juni 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Kepala DPUTR Kabupaten Bandung, Zeis Zultaqawa nyebutkeun, ayana Program Hibah Air Minum Berbasis Kinerja (HAMBK) ti Department of Foreign Affairs and Trade (DFAT) Australia liwat pamarètah pusat jang pamarètah daerah, kacida ngabantu dina enggoning ngaronjatkeun kinerja Perumda Tirta Raharja

Ku kituna, ceuk Zeis panyelenggaraan panglayan cai leuwih kaukur luyu padoman jeung 11 indikator kinerja nu ditangtukeun. Palebah dieu nya DPUTR Kabupaten Bandung nu mastikeun sangkan ka-11 indikator kasebut kacumponan ku Perumda Tirta Raharja.

"Kumargi kitu, simkiring saparakanca kalintang reueus tur bungah ku panhajèn nu dihontal Pemkab Bandung, ku Pa Bupati Bandung salaku Kuasa Pemilik Modal (KPM) Perumda Tirta Raharja, sareng BUMD Perumda Tirta Raharja," ceuk Zeis waktu marengan Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung Dirut Perumda Tirta Raharja Teddy Setiabudi, narima 3 pangajèn Program HAMBK ti Pamarèntah Australia di Yogyakarta, Rebo, 26 Juni 2024.

Pangajèn ieu numutkeun Zeis ngabuktikeun sumanget Bedas Bupati Bandung geus bisa ngagerakkeun memotivasi ogè nyiptakeun sinergi, harmonisasi katut kolaborasi di birokrasi Pemerintahan Kabupaten Bandung jeung korporasina dina ngawangun soliditas.

Sahingga hasilna bisa ngahontal prestasi nu luar biasa ti pamerèntah Australia nu dipasrahkeun liwat Kementerian PUPR. Program HAMBK/DFAT ieu minangka hasil rampak gawè Pamarèntah Australia, Kedutaan Besar Australia keur RI, Indonesia Australia Partnership for Infrastructure (KIAT), nu mimitraan jeung Direktorat Air Minum Ditjen Cipta Karya Kementerian PUPR.

"Tangtos panhajèn ieu ogè janten kareueus. Sumangat Bedas tos ngabuktoskeun yèn Bedas teu ukur sebagè visi Kabupaten Bandung, tapi sumanget sareng nilèy-nilèy nu ngaherakkeun simkurig saparakanca kango myiptakeun sinergi, harmonisasi jeung kolaborasi pikeun ngahontal Bedas Bangkit Edukatif Dinamis dan Sejahtera," ceuk Zeis.

Salah sahiji variabel penting nyaèta Bedas tèh raharja, ku nyiptakeun SDM nu punjul.
"SDM nu unggul nogè tina asupan cai nu mibanda mutu saè dina perkawis cai leueuteun nu aman," ceuk Zeis.

Direktur Utama Perumda Air Minum Tirta Raharja, Teddy Setiabudi nambahkeun, pihakna minangkan salah sahiji tinlima Perusahaan Daerah Air Minum (PDAM) nu aya di Indonesia.

Numutkeun Teddy, tina kalima PDAM saindonesia kasebut, ukur Perumda Tirta Raharja Kabupaten Bandung nu bisa nyumponan 11 indikator atawa sakumna parameter kinerja nu ditetepkeun Pemerintah Australia.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah