PPDB Riweuh, Anakna Teu Ditarima Jalur Zonasi Puluhan Ema-Ema Ngontrog SMAN 1 Margaasih Kabupaten Bandung

- 27 Juni 2024, 17:00 WIB
Puluhan ema-ema.warga Desa Mekarrahayu ngadongdon SMAN 1 Margaasih, Kemis, 27Juni 2024.
Puluhan ema-ema.warga Desa Mekarrahayu ngadongdon SMAN 1 Margaasih, Kemis, 27Juni 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Puluhan ema-ema ngontrog SMAN 1 Margaasih nu pernahna di Jalan Komplek Perumahan Taman Kopo Indah III , Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung, Kemis, 27 Juni 2024.

Tumorojog ieu ema-ema tèh pikeun matalèkeun naon alesan pangna anak arinyana teu katampa di SMAN 1 Margaasih ngagunakeunn jalur zonasi.

Ketua RW 016 Desa Mekarrahayu, Riyan Hakim nu milu marengan sababaraha urang wargana nyebutkeun, tumorojogna warga nu kalolobaanana ema-ema nanyakeun alesan pangna budak arinyana teu katarima.

"Padahal di antara nu teu katarima tèh urang lembur nu teu anggang titik kordinatna ti SMAN 1 Margaasih. Ari aya nu ditarima padahal titik kordinatnya anggang ti sakola. Samalah misah kecamatan, " ceuk Riyan.

Mairan kana hal ieu, Kepala SMAN 1 Margaasih Toteng Suhara liwat Humas SMAN 1 Margaasih Ai Nuraini nètèlakeun pihakna ukur narima upload ti calon siswa nu ngadaftar.

"Simkuring saparakanca teu terang, teu ngarèkayasa data, luyu sareng data nu diupload pendaftar. Janten teu terang kitu-kieu, " ceuk Ai Nuraini.

Ai ogè nyebutkeun, zonasi di SMAN1 Margaasih anggangna 1.161 meter. "Kasumpingan warga nu murangkalihna teu katampi nyuhunkeun 1 kelas deui, padahal kanggo warga Margaasih SMAN 1 tos nyayagikeun 5 kelas atanapi 176 siswa kango jalur zonasi, " pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah