SMPN 1 Sindangkasih Ciamis Tatan-Tatan Nyanghareupan PPDB 2024

- 7 Februari 2024, 09:38 WIB
SMPN 1 Sindangkasih Kabupaten Ciamis, ngagelar riungan jeung jajaran Korwil Pendidikan Kecamatan Sindangkasih (02/02/2024) di Aula RM Manjabal Gunungcupu Ciamis.
SMPN 1 Sindangkasih Kabupaten Ciamis, ngagelar riungan jeung jajaran Korwil Pendidikan Kecamatan Sindangkasih (02/02/2024) di Aula RM Manjabal Gunungcupu Ciamis. /Jarkasih/galura.co.d

GALURA.CO.ID -Kepala Sakola, guru jeung jajaran Komite SMPN 1 Sindangkasih Kabupaten Ciamis, ngagelar riungan jeung jajaran Korwil Pendidikan Kecamatan Sindangkasih (02/02/2024) di Aula RM Manjabal Gunungcupu Ciamis.

Riungan aya patalina jeung PPDB 2024. SMPN 1 Sindangkasih dina PPDB taun 2024 teh, ceuk Kapala SMPN 1 Sindangkasih, Dr. H. Wawan, siap narima siswa anyar saloba-lobana, boh ti Madrasah Ibtidaiyahna boh ti Sakola Dasar anu aya di Sindangkasih.

Komite SMPN 1 Sindangkasih, Padil Bastaman jeung Azis Muslim, ngapresiasi pisan kana program gawe bareng SMPN 1 Sindangkasih jeung Korwil Pendidikan.

Baca Juga: Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si, Ketua YPDM Pasundan: Kuciwa Guru PPPK Teu Balik Deui

“Mudah-mudahan gawe bareng jeung pihak Korwil, bisa ngawujud kalayang luyu jeung anu diharepkeun ku SMPN 1 Sindangkasih,” ceuk Azis Muslim.

Azis nyebutkeun di Sindangkasih mah SMP Negeri teh kur hiji-hijina. Komite wajib leuwih ngamekarkeun jeung ngamajukeun SMPN 1 Sindangkasih.

Ceuik Azis, majuna dunia atikan lain ukur tanggung jawab pamarentah, tapi oge tanggung kolot siswa jeung masarakat.

“Hayu urang babarengan ngaheuyeuk SMN 1 Sindangkasih,” ceuk Azis Muslim. Inyana miharep dina taun ajaran anyar, siswana leuwih euyeub.*** Jarkasih

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x