MA Darul Ma'arif Kabupaten Bandung Adu Manis  Atikan  Sain Teknologi  jeung  Kaislaman  

- 30 Januari 2024, 12:54 WIB
Pupuhu Yayasan Darul Ma'arif Rahahayu Kecamatan Margaasih,  KH. Nu'man Abdul Hakim jeung KH. Sofyan Yahya, katut Bupati Bandung, Dadang Supriatna waktu mernahkeun batu munggaran ngawangun gedong anayar MA Darul Ma'arif.
Pupuhu Yayasan Darul Ma'arif Rahahayu Kecamatan Margaasih, KH. Nu'man Abdul Hakim jeung KH. Sofyan Yahya, katut Bupati Bandung, Dadang Supriatna waktu mernahkeun batu munggaran ngawangun gedong anayar MA Darul Ma'arif. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Diadegkeun taun 1991, Madrasah Aliyah (MA) Darul Ma’arif  tèh bagèan ti Yayasan Darul  Ma’arif Rahayu Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung. Ieu lembaga ngokolakeun atikan  formal ti tingkat  Madrasah Diniyah (MD), Madrasah Tsanawiyah (MTs) jeung MA, turta atikan nonfornal pesantren jeung majlis ta’lim nu dipupuhuan ku KH. Sopyan Yahya, MA.

Kepala MA Darul Ma'arif , H. M. Fauzi Mubaroq nétèlakeun,  MA Darul Ma’arif   ngamekarkeun  pembelajaran berbasis sains jeung teknologi, diadumaniskeun jeung atikan  kaislaman jeung karakter. Dirojong ku kasayagian fasilitas  laboratorium sains jeung teknologi  nu  lengkep  tur manjing.

Najan H. Fauzi karèk sababraha minggu jadi Kepala MA Darul Ma'arif, tapi inyana apal pisan kaayaan MA-na,  da puguh inyana pangokola Yayasan, sarta samèmèhna  mupuhuan MTs-na.   MA Daru Ma'arf  nu pernahna di Jalan Mahmud Nomer 41A, Desa Rahayu Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung teh  mibanda dua program studi IPA jeung IPS .

Baca Juga: Munaqosah Tahfidz 2024 di SMAN 2 Lembang,

Dina  taun 2005, MA Darul Ma’arif jadi salasahiji ti 30 Madrasah Aliyah nu  meunang bantuan laboratorium sains jeung teknologi dina Program Penguatan Sains dan Teknologi Tahap-2 (Science and Technology Equity Program Phase-2/STEP-2),  gawè bareng antara Kementerian Agama Republik Indonesia jeung Islamic Development Bank (IDB).

Ku Program  STEP-2, ayeuna MA Darul Ma’arif mibanda laboratorium sains jeung teknologi nu  lengkep, nyaèta laboratorium komputer multimedia, elektronika, fisika, kimia, biologi, jeung laboratorium keterampilan wirausaha. Fasilitas sèjènna   ogè kacida nyukupan, di antarana masjid, kantin, asrama (husus jang siswa nu mondol di pondok pesantren), sarana olah raga, perpustakaan, sanggar seni, jeung lahan parkir nu  lega.

Teu èta  wungkul, MA Darul Ma’arif ogè  mibanda  pangatik kalayan nu  kualifikasi pendidikan S1, S2,  jeung  S3 tur 95% di antarana geus  boga  sertifilkat guru profesional. Ku  fasilitas nu  lengkep turta kualifikasi pangatik nu dipibanda,  MA Darul Ma’arif mampuh mertahankeun predikat akreditasi A (unggul).

Pikeun mèrè bekel kaparigelan ka lulusanana, Darul Ma’arif ngayakeun program  unggulan keterampilan elektronika, sains jeung teknologi, manajemen bisnis jeung kewirausahaan, komputer office jeung graphic design, digital printing, tahfidz Al-Quran, turta ngawangun karakter jeung kapamingpinan.

Baca Juga: SMA Pasundan 7 Kota Bandung jeung SMA Pasundan 3 Kota Cimahi Nyiptakeun Sakola Unggulan jeung Atlit

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x