Wisuda ka-41 LPP Aryanti Siswana Loba nu geus DIgarawe Memeh Diwisuda

- 16 Januari 2024, 18:30 WIB
Para wisudawan LPP Aryanti Kota Bandung. Najan tacan diwisuda geus loba nu digarawe di pausahaan.
Para wisudawan LPP Aryanti Kota Bandung. Najan tacan diwisuda geus loba nu digarawe di pausahaan. /Asep GP/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Lembaga Pendidikan dan Pelatihan (LPP) Ari­yanti dina awal taun 2024 ngawisuda para lulusanna. Acara “Wisuda ke-41 & Pele­pasan Calon Tenaga Ker­ja” lumangsung di Har­ris Hotel & Conventions Fes­tival Citylink Bandung, Jalan Peta no.241 Kota Ban­dung, Rebo (10/1/2024).

Anu diwisuda aya 1.085 lu­lusan ngawengku: Prog­ram Satu Tahun, 85 lulusan; Program Kewanitaan, 206 lulusan; Program Pelatihan (in house training), 467 lulusan; Program Pendidik­an Kecakapan Wirausaha, 75 lulusan; Program Pela­tihan Kompetensi, 40 lulus­an, jeung; Program One Day Cooking Class, 212 lulusan.

Tina sajumlah wisuda­wan  anu diistrenan harita aya sababaraaha urang Wi­su­da­wan  Pinunjul (Terba­ik):  Mega Nabila Fitrian ti Ju­rusan Komputer Akun­tansi IPK/Yudisium 3.93, Kemala Hayati Sudrajat ti Jurusan Administrasi Per­kan­toran  IPK/Yudisium  3,87,  Elvira Shafira Rosa ti Ju­rusan Perhotelan  IPK/ Yudisium 3.81,  jeung Fid­yani Azzahra ti Jurusan Sek­retaris, yudisium 3.55.

Baca Juga: Calakan, Bal Elastis tina balon

Lian ti eta aya Siwa Terbaik ASTC: Triyani ti  Ta­ta Kecantikan Rambut, Gina Agnitia (Tata Kecan­tikan Kulit), Tiara Anjelina (Tata Rias Pengantin), jeung Alifia Dzikrul Fadilah (Tata Busana).

Rawuh dina acara wisuda harita, Kepala Disnaker Ko­ta Bandung H. Andri Da­rusman, M.Si, jeung  Badan Pengurus Yayasan Pendi­dik­an Ariyanti,  Jaja­ran Pim­pinan LPP Ariyanti  sar­ta tenaga pendidik jeung Staf  oge perwakilan ti Dinas Tenaga Kerja Provinsi Jawa Barat, wawakil Instansi & Pe­rusahaan, Perwakilan SMA- SMK, sarta kulawarga wisudawan.

Direktur LPP Ariyanti, Ishviastuti Oskar, S.E.,  nyebutkeun geus jadi hiji kawajiban Ariyanti medalkeun pa­ra lulusanna anu siap ga­we atawa usaha, boga sikep jeung tangtungan, sarta di­bekelan pangaweruh  unggul sangkan bisa gancang di­gawe dina heureutna la­pang­an kerja mangsa kiwa­ri.Alhasil para lulusanna mangsa hareupna cangra.

“Anu janten reueus mah seueur siswa LPP Ariyanti a­nu ditawisan damel  di in­stansi pamarentah sareng swasta sateuacanna  lulus, sareng tiasa muka usaha nyalira, “ ceuk Ishvi. Inyana cumeluk,  sangkan para  alum­ni teu poho ka almamaterna,  nalika geus sukses bisa  ngabantuan adi kelasna  mere sumanget jeung nu­runkeun elmu suksesna.

Baca Juga: Kadisdik Jabar: Kudu Adaptasi Kana Parobahan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x