SDN 220 Gumuruh Kota Bandung Gelar Karya Siswa Program P5

- 18 Desember 2023, 18:38 WIB
SDN 220 Gumuruh Kota Bandung, Jumaah, 15 Désémber 2023, ngayakeun Gelar Karya Siswa minangka salasahiji program Proyek Penguatan Profil Pelajar Pancasila (P5) .*
SDN 220 Gumuruh Kota Bandung, Jumaah, 15 Désémber 2023, ngayakeun Gelar Karya Siswa minangka salasahiji program Proyek Penguatan Profil Pelajar Pancasila (P5) .* /Dok. AKD/Galura/

GALURA.CO.ID. - SDN 220 Gumuruh Kota Bandung, Jumaah, 15 Désémber 2023, ngayakeun Gelar Karya Siswa minangka salasahiji program Proyek Penguatan Profil Pelajar Pancasila (P5) kalayan Gaya Hidup Lestari dina subtema “Mengolah Sampah Plastik Menuju Sekolah Bersih”.

Sakabéh karya anu diaubkeun dina eta kagiatan mangrupa hasil karya siswa SDN 220 Gumuruh Kota Bandung, anu dijieun sacara bertahap, sarta sababaraha di antarana dina grup.

Ari konsepna mah ngaadopsi konsep 4R, nyaeta recycle, reuse, reduce, jeung replace, nyaeta kagiatan ngokolakeun runtah ku cara, ngagunakeun deui, ngurangan, ngadaur ulang, jeung ngaganti. Dina ngaganti, upamana: sababaraha karya Ecobrick dijieun korsi, botol cai nginum dipaké jadi wadah patlot atawa pot kembang, sarta aya ogé hiasan témbok dijieunna tina tutup botol, sarta aya nu dipaké bungkus dahareun.

Baca Juga: Siswa SD - SMP, 1200 urang, Aub kana Jambore Literasi Leksam Bedas Tingkat Kabupaten Bandung di Rancabali

“Ieu kagiatan matak pikabingaheun, sareng matak pikabitaeun, margi nembe terang geuning seueur  pisan runtah plastik anu tiasa didaur ulang,” ceuk Abyakta Faeyza Zain, biasa disebut Zen, murid kelas V SDN 220 Gumuruh.

Ku ayana eta proyék, dipiharep ti leuleutik bisa tumuwuh kasadaran pikeun ngokolakeun runtah plastik di lingkungan sabudeureun, sangkan miboga fungsi/mangpaat séjénna. Gelar P5 Karya ogé direuah-reuah ku Hari Pasar anu produkna diolah ku murid-murid SDN 220 Gumuruh Kota Bandung.*** Agustina KD

Baca Juga: Lomba Literasi SD, pikeun Ngaronjatkeun Numerasi Sakola di Kabupaten Bandung

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x