Pimda Nyawah, Nyambungkeun Komunikasi di Lingkungan Pendidikan

- 14 Desember 2023, 05:30 WIB
Penjabat Bupati Kuningan, Iip Hidajat, keur cumarita di hareupeun para siswa SMPN 7 Kuningan, dina acara Pimda Nyawah, Poe Rebo, 13 Desember 2023.*
Penjabat Bupati Kuningan, Iip Hidajat, keur cumarita di hareupeun para siswa SMPN 7 Kuningan, dina acara Pimda Nyawah, Poe Rebo, 13 Desember 2023.* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Dinas Pendidikan dan Kebudayaan (Disdikbud) Kabupaten Kuningan, ngagilindingkeun program anu disebut Pimda Nyawah. Pimda Nyawah teh singgetan tina Pimpinan daerah menyapa siswa di sekolah.

Eta program teh dina raraga ngalarapkeun kurikulum Merdeka  Belajar, kiwari geus nincak episode 8. lumangsung di SMPN 7 Kuningan, Poe Rebo, 13 Desember 2023.

Anu jadi nara sumberna nyaeta Pejabat Bupati Kuningan, Raden Iip Hidajat, dijejeran ku Kepala Disdikbud Kabupaten Kuningan Uu Kusmana. 

 Pimda Nyawah teh dina enas-enasna mah pikeun mere lolongkrang waktu ka para pingpinan daerah pikeun ngalakonan komunikasi reeujeung murid-murid SD jeung SMP anu aya di Kabupaten Kuningan sacara langsung jeung ngaliwatan zoom.


“Ngalangkungan ieu program, para pingpinan bisa ningali situasi sareng kondisi di lingkungan sakola,” ceuk Uu.

Penjabat Bupati Kuningan, Raden Iip Hidajat, anu kakara kurang leuwih saminggu mancen di Kabupaten Kuningan, ngabageakeun kana kana eta program teh.

Ceuk Iip, ngaliwatan Pimda Nyawah pangwangunan baris leuwih gancang.

“Ieu program teh sae, komunikasi para pingpinan tiasa nyambung langsung sareng masarakata utamana murid-murid di lingkungan sakola,” ceuk Iip.

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah