Calakan, Bal Elastis tina balon

- 8 Januari 2024, 10:40 WIB
Bal  tina balon elastis
Bal tina balon elastis /Ilustsari: Budi Riyanto/

GALURA.Co.ID -Tina balon bisa dijieun bal? Naha bisa? Apan balon mah, karétna ipis pisan, kuriak mun dipaké sésépakan téh, kalah peupeus ! Kitu meureun panalék hidep. Tah, kamonésan tina balon nu ieu mah, mémang lain sambarangan balon, da geus dimodipikasi, ngarah, moal babari bitu. 

Ari balon modip ieu,  teu gampang bitu, sabab karétna jadi elastis, atawa ngenyod, lantaran di jerona aya eusian. Dieusian naon? Kieu geura.

Bahan-bahanna: 3 lambar balon warna-warni, nu acan ditiup, misal warna, konéng, beureum jeung biru. Lainna, tipung tarigu, réana ¼ kg, lém karét, gunting, botol plastik, ukuran sedeng, jeung corong plastik leutik.

Prak-prakanna: Mimiti asupkeun tipung kana botol plastik,  geus kitu, botol tunda heula. Satuluyna  ngagarap balon. Balon nu tilu téh,  dibéré kodeu heula, nyéta, B1 warna konéng, B2, beureun jeung B3, biru.

Baca Juga: Ngabantu Kalahiran 3.000 Warga Kurang Mampuh Klinik Pratama Miracle Diapresiasi Wakil Bupati Bandung

Tah, tiup B1, tapi melendungna ulah gedé teuing, terus purilitkeun beuheung balon, ngarah balon teu  kempés. Bari masih nyekelan beuheung balon, cokot botol eusi tipung, jungkirkeun, liangna asupkeun kana liang balon.  Kalawan ati-ati beuheung balon, suaykeun lalaunan, ngarah tipung, saeutik-saeutik  arasup kana jero balon.

Mun tipung geus asup kabéh, suaykeun deui liang balon, ngarah udara barijil kabéh.  Tutas liang balon  pinuh ku tipung, liang dirubakan, ku cara digunting, kira diaméter-na bal ténes. Beresihan biwir balon ku tisu, ngarah ulah raméték ku tipung.

Tah, B1 konéng, sina dicepengan ku babaturan, atawa adi  hidep. Siapkeun B2 beureum, gunting heula beuheung balonna, ukuranna, leuwih lega ti ukuran bal ténes dina B1. Bungkuskeun B2 kana B1, sina nutup liang B1. Maksud ngasupkeun B2, ngarah tipung teu kalaluar. Malah, ngarah kuat pisan, sisi liang B2 dirapet ku elém.

Pamungkas, B3 biru, liangna digunting, leuwih rubak deui ti liang B2. Asupkeun B3 sina mungkus B1 jeung B2. Pernahna kudu lain deui, ulah dina liang B1-B2, lem sisi –sisina. Tah, jadi wé bal warna-warni. Tapi ieu balon, lain ajang paragi méngbal di lapang.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah