GALURA.CO.ID – Rektor Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung nyebutkeun lulusan ISBI ayeuna mah henteu madesu (masa depan suram) lantaran rea garapan, boh mandiri boh rukun gawe jeung pihak sejen.
Wisuda gelombang II anu lumangsung di Gedung Kesenian Sunan Ambu, kampus ISBI Jalan Buah Batu nomer 212 Bandung, (9/12/ 2023) diiluan ku 157 urang lulusan ti Program Diploma, Sarjana, Sarjana Terapan jeung Pascasarjana.
Ngawengku 3 wisudawan ti Prodi Seni Tari (2 Seni tari –S1 jeung Tari Sunda DIV), 30 wisudawan ti Jurusan Karawitan (S1), 17 wisudawan Jurusan Seni Teater (S1), 13 Jurusan Angklung & Musik Bambu (DIV), 1 wisudawan ti Jurusan Seni Rupa Murni (S1), 4 Wisudawan Jurusan Tata Rias & Busana (DIV).
Baca Juga: SDN 220 Gumuruh Kota Bandung Gelar Karya Siswa Program P5
Anu sejenna, 1 wisudawan ti Jurusan Kriya Seni (D III) ), 50 wisudawan ti Jurusan Antropologi Budaya, jeung 33 wisudawan ti Jurusan Televisi & Film (DIV), sarta 5 wisudawan ti Jurusan Penciptaan & Pengkajian Seni (S2).
Lulusan anu diwisuda harita loba oge anu punjul Indeks Prestasi Komulatif –na (IPK): Prediket Sangat Memuaskan 134 urang (85,4%), prediket Pujian 20 urang (12,7%), jeung prediket Memuaskan 3 urang(1, 9%).
Prestasi pangpunjulna diraeh ku: Siti Ayu Lestari, S.Sos (NIM 193232036) prediket Cumlaude (IPK 3,98), lila kuliah 8 semester, ti Jurusan Antropologi Budaya - FBM; Azis Nursoleh, S.Sn (191232037), IPK 3,93 – 8 semester, Jurusan Karawitan- FSP, Fatimatuzzahro.S.Tr.Sn, (192323031), IPK 3,84 – 8 semester ti Jurusan Tata Rias & Busana –FSRD, sarta Program Magister (S2) diraeh ku Teguh Agus Priyanto, S.Sn., M.Sn, (19414014) –IPK 3,73, Jurusan Penciptaan & Pengkajian Seni-Pascasarna ISBI Bandung.
Rektor ISBI Bandung, Dr. Retno Dimarwati, S.Sen., M.Hum rengse ngistrenan wisudawan meupeujeuhan sangkan para lulusan optimis dina nyanghareupan kahirupan anu sanyatana di masarakat, lantaran geus dibekelan ku elmu pangaweruh (seni-budaya). Moal samata-mata pamarentah ngadegkeun paguron luhur (seni) lamun taya mangpaat jeung saluranana.
Baca Juga: Prestasi Siswa Madrasah Al-Haq Kabupaten Bandung aya nu Tingkat Internasional