Ngabantu Kalahiran 3.000 Warga Kurang Mampuh Klinik Pratama Miracle Diapresiasi Wakil Bupati Bandung

- 8 Januari 2024, 06:46 WIB
Wakil Bupati Bandung Sahrul Gunawan ngapresiasi Klinik Pratana Miracle.
Wakil Bupati Bandung Sahrul Gunawan ngapresiasi Klinik Pratana Miracle. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ti mimiti diadegkeun taun 2020, Klinik Pratama Miracle di Lembur Lamping Desa Cipinang Kecamatan Cimaung Kabupaten Bandung geus ngabantu kalahiran leuwih ti 3.000 warga kurang mampuh. Ku kituna diapresiasi Wakil Bupati Bandung, Sahrul Gunawan.

"Mugia ka payun klinik ieu tiasa langkung ageung deui , sareng ku kolaborasi ti sakum pihak tiasa ngawangun rumah bersalin ieu janten langkung saè fasilitasna," ceuk Sahrul Gunawan basa ngadongdon klinik bieu, Ahad, 7 Januari 2024.

Sahrul Gunawan nètèlakeun, klinik Pratama Miracle geus karasa kontribusina pikeun masyarakat. Inyana miharep, klinik ieu bisa terus mekar tur mèrè panglayan nu leuwih hadè deui.

Baca Juga: Bupati Bandung Takziyah ka Salasahiji ti Opat Korban Tabrakan KA Turangga - KA Bandung Raya

Pangokola Klinik Pratama Miracle, Mega Rosnawati nètèlakeun, pihakna ngalayanan gratis ka anak yatim jeung nu kakandungan saban poè Juma'ah. Iwal ti kitu, ogè ngalayanan 24 jam pikeun masarakat.

"Panglayaanan saban dinten. Kanggo anak yatim digratiskeun. Saban dinten Juma’ah ngalayanan ibu hamil digratiskeun. Insya Allah salami 24 jam kanggo masyarakat," ceuk Mega Rosnawati. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x