APBD Kabupaten Bandung 2023 Realisasina Nepi ka 90 Persen

- 5 Januari 2024, 21:34 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna basa rapat koordinasi.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna basa rapat koordinasi. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna nètèlakeun Anggaran Pendapatan dan Belanja Daerah (APBD) Kabupaten Bandung 2023 realisasina  tepi ka leuwih ti 90 persen. Kitu deui pendapatan asli daerah (PAD) ti Rp1,3 triliun karèalisasi 98 persen.

"Karealisasikeunana anggaran langkung ti 90 persen ngabuktoskeun kinerja ASN Pemkab Bandung tos ngawitan katitèn," ceuk Bupati Bandung satutas Jumat Keliling di Masjid Al Fathu Soreang, Juma'ah 5 Januari 2024.

Karealisasikeunana anggaran 2023 kaungkab waktu rapat evaluasi Bupati Bandung. Dina rapat ogè dibahas aya sababaraha program kudu sagancangna dilaksanakeun di awal Januari 2024, ku nyoko kana hasil rapat kordinasi nasional jeung Presiden RI Joko Widodo.

Baca Juga: Di Kabupaten Bandung, Bokor Mas Kencana Astagina Piala Binojakrama Can Kungsi Dijieun Duplikatna

Ceuk Bupati Bandung anggaran di awal taun 2024 diprioritaskeun keur ngalaksanakeun proyek strategis prioritas, boh skala nasional boh daerah Kabupaten Bandung.

Iwal ti èta ogè diprioritaskeun keur memener infrastruktur nu ruksak balukar bencana alam.

Program prioritas lianna dina taun 2024 ceuk Bupati Bandung nyaèta ngaronjatkeun kapasitas SDM ASN.

"Kaleresan aya iber pikabungaheun Kementeraian PAN RB badè muka rekrutmen CPNS dina taun 2024," ceuk Dadang Supriatna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x