Di Kabupaten Bandung, Bokor Mas Kencana Astagina Piala Binojakrama Can Kungsi Dijieun Duplikatna

- 5 Januari 2024, 17:00 WIB
Kepala Disbudpar Kabupaten  Bandung, Wawan A Ridwan Masrahkeun Bokor Mas Kencana Astagina ka Ketua Pepadi Jabar Darsa Wibiksana, disaksian ku dalang Kanha Ade Kosasih Sunarya basa Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa deuk dilaksanakeun di  Kabupaten Bandung taun kamari.
Kepala Disbudpar Kabupaten Bandung, Wawan A Ridwan Masrahkeun Bokor Mas Kencana Astagina ka Ketua Pepadi Jabar Darsa Wibiksana, disaksian ku dalang Kanha Ade Kosasih Sunarya basa Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa deuk dilaksanakeun di Kabupaten Bandung taun kamari. /Sopandi/galura. co.id

GALURA.CO.ID -Piala bagilir Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa, Bokor Mas Kencana Astagina nu kungsi direbut ti Kabupaten Sukabumi ku dalang Kanha Sandhika Ade Kosasih Sunarya ti Giriharja 2 Putu Kabupaten Bandung taun 2021, ayeuna aya di Bogor.

Ti 2021 tepi ka 2023 Bokor Mas Kencana Astagina aya di Padepokan Giriharja 2 Putu. Can kungsi dijieun duplikatna. Padahal harita, taun 2021 Dinas Kebudayaan rencanana rèk nyieun 2 duplikatna. Nu hiji disimpen di Padepokan Giriharja 2 Putu, nu hijina deui di Disbudpar Kabupaten Bandung.

Ngan, tepi ka Bokor Mas Kencana Astagina nu aslina dipasrahkeun ka panitia Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa tug tepi ka direbut ku dalang Den Bagus ti Bogor nu jadi Pinunjul Binojairama Wayang Golek Purwa nu digelar di Kabupaten Bandung, Bokor Mas Kencana Astagina tèh can kungsi dijieun duplikatna.

Baca Juga: Jadwal Manggung Dalang Kanha Ade Kosasih Sunarya Giriharja 2 Putu Bulan Januari 2024, Tarifna Rp40-Rp45 Juta

Irwansyah, bapana Kanha nètèlakeun, Bokor Mas Astaguna satadina rèk dijieun ku Disbudpar, ngan duka naon alesanana tepi ka èta Bokor Mas Astagina direbut deui teu kungsi dijieun.

"Mung aya potona wè. Tos dirarancang badè didamelkeun. Malihan nu badè ngadamelna ogè tos dipendakan, urang Jawa Tengah. Pangaos hijina Rp 7,5 juta. Mung ngantos komunikasi deui sareng Disbudpar, " ceuk Irwansyah tina telepon, Juma'ah 5 Januari 2024.

Ka Galura  pihak Disbudpar, harita Kabid Kebudayaanana kungsi aya niat rèk nyieun duplikat Bokor Mas Kencana Astagina taun 2021, ngan can nyawalakeun deui jeung pihak nu wenang dina èta tropi.

Ayeuna Kabidna geus dua kali ganti, kitu deui Kadisna. Can ngorèh deui katerangan ti pajabat Disbudpar nu ayaeuna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x