Bupati Bandung Takziyah ka Salasahiji ti Opat Korban Tabrakan KA Turangga - KA Bandung Raya

- 6 Januari 2024, 06:56 WIB
BUPATI Bandung, Dadang Supriatna, husu ngadungakeun korban tilar kacilakaan tabrakanana kareta api Turangga jeung KA Bandung Raya (5/1/2024)..
BUPATI Bandung, Dadang Supriatna, husu ngadungakeun korban tilar kacilakaan tabrakanana kareta api Turangga jeung KA Bandung Raya (5/1/2024).. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, takziyah ka salahsahiji ti opat korban tilar dunya balukar tabrakan Kareta Api Turangga rute Surabaya-Bandung jeung Kareta Api Commuter Line Bandung Raya.

Dadang Supriatna ngadongdon panganjrekan dua ti korban tilar dunya, Ardiansyah (31 taun), Pramugara KA Turangga, di Lembur Balekambang, Desa Sukamaju, Kecamata Majalaya, Kabupaten Bandung, Juma'ah, 5 Jahuari 2024, peuting.

"Simkuring ngiring bèla sungkawa. Mugia korban nu ngantunkeun husnul khatimah sareng kuawargi nu dikantunkeun dipaparin katabahan," ceuk Bupati satutas takziyah jeung masrahkeun santunan.

Baca Juga: Beubeunangan Ngaronjat Bupati Bandung Ngapresiasi Kinerja Baznas Kabupaten Bandung

Tim Basarnas Bandung ngarilis kabèh korban tabrakan KA Turangga jeung KA Bandung Raya sarèngsèna dievakuasi Tim SAR Gabungan, jam 17.30 WIB.

Dumasar hasil assesmen Basarnas Bandung, jumlah korban tilar dunya opat urang dievakuasi ka RSUD Cicalengka Kabupaten Bandung.

Korban nu mimiti dievakuasi Tim SAR Gabungan jam 08.00 WIB, Julian Dwi (29) Masinis Kereta Commuter Line Bandung Raya.

Korban kadua dievakuasi jam 09.50 WIB, asisten masinis Commuter Line Bandung Raya, Ponisam (48). Korban katilu dievakuasi jam 13.20 WIB, Andriansyah (31), jeung korban kaopat Enjang Yudi (40) ti Polsuska dievakuasi jam 17.29 WIB.

Baca Juga: APBD Kabupaten Bandung 2023 Realisasina Nepi ka 90 Persen

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah