'Munaqosah Tahfidz 2024' di SMAN 2 Lembang,

- 30 Januari 2024, 10:12 WIB
Kadisdik Jawa Barat, Wahyu Mijaya, ngaluuhan Munaqosah Tahfidz di SMAn 2 Lembang, Kabupaten Bandung Barat.*
Kadisdik Jawa Barat, Wahyu Mijaya, ngaluuhan Munaqosah Tahfidz di SMAn 2 Lembang, Kabupaten Bandung Barat.* /Nanang S/galura.co.id

 

GAlURA.CO.ID -Munaqosah teh  keur ngukur  tepi ka mana proses pembelajaran, di antarana neuleuman jeung ngapalkeun Al-Qur'an. Kitu ceuk Kepala Dinas Pendidikan (Kadisdik) Jawa Barat, Wahyu Mijaya dina kagiatan Seleksi Beasiswa Umrah "Munaqosah Tahfidz 2024" di SMAN 2 Lembang, Kabupaten Bandung Barat, Senen (29/01/2024).

Kadisdik oge ngawilujengkeun ka siswa jeung tenaga kependidikan nu lulus seleksi beasiswa umrah. "Mudah-mudahan jadi barokah kanggo Ibu Bapa Guru sareng siswa  nu kenging beasiswa umroh," pokna. Kadisdik omat-omatan  anu penting mah lain  meunang umrohna,  tapi kumaha urang ngaimplementasikeun  ajaran Islam dina kahirupan sapopoe.

Kadisdik nitipkeun sababaraha hal. Kahiji, kaimanan kudu diasah; kadua, olahraga sangkan tetep seger; katilu, kailmuan atawa kaahlian kudu tetep diasah; kaopat, bangun emosi karakter ku cara hade. "Urang teu bisa ukur ngabangun tina sisi kailmuan jeung kaahlian, tapi oge kudu ngabangun karakter  nu hade-hadena," pokna.

Baca Juga: SMA Pasundan 7 Kota Bandung jeung SMA Pasundan 3 Kota Cimahi Nyiptakeun Sakola Unggulan jeung Atlit

Kepala SMAN 2 Lembang, Ernawati ngajentrekeun program Munaqosah Tahfidz Al-Qur'an teh   keur ngarpojong pentingna ngajaga Al-Qur'an. "Ieu program  hasil tina infak sapoe Rp1.000 warga sakola," pokna. Program beasiswa umrah munaqosah tahfidz di SMA Negeri 2 Lembang, dilaksanakeun ti 2018.

"Taun 2024 ayeuna jejerna: Membentuk Insan Berakhlak Qur'ani, Membumikan Al-Qur'an, dan Melangitkan Harapan. Jumlah  nu daftar di taun 2024 aya 17 siswa jeung 5 urang guru katut tenaga kependidikan," pokna. Tahapan jeung proses seleksi: tahap 1 ngawengku verifikasi jeung validasi pendaftaran.

Salian ti eta oge  mariksa lengkepna berkas atawa dokumen sarta rekomendasi tina sikap, kabiasaan, jeung basa nu dipake sapopoena. Tahap ka-2, seleksi bacaan jeung hafalan Al-Quran. “Anu lolos seleksi bakal diumrohkeun tina beasiswa umrah munaqoash tahfidz, milu ka biro perjalanan ibadah haji jeung umroh,” ceuk Ernawati. ***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah