Ali, S.Pd, M.Pd Digitalisasi jeung Hatam al-Qur’an, Atikan Kudu Bisa Ngigelan Parobahan Jaman

- 30 Januari 2024, 18:00 WIB
Ali, S.Pd., MM.
Ali, S.Pd., MM. /Cecep KS/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Tarekah ngamajukeun sakola dina mangsa globalisasi modél ayeuna, loba cara. Di antarana waé ngaliwatan média digital. Tangtu, dina cara ngawanohkeun ogé henteu asal-asalan, tapi dumasar kana rentulna jeung kaunggulan SDM nu ngokolakeunna, di sagédéngeun ngalarapkeun visi misi sakolana.

Di antara lembaga pendidikan nu geus matéakeun kaunggulan, nyaéta SMA Pasundan 4 nu perenahna di Pal 3, Jalan Cijerah, Gg Pelita, Kota Bandung. Minangka Pupuhu (Kepala Sakola), Ali, S.Pd., M.Pd, ngokolakeun ieu lembaga pendidikan téh sadar kacida, yén dina ngokolakeun lembagana kudu ngindung ka waktu mibapa ka jaman, dina harti manusa kudu bisa ngigelan parobahan jaman, lain sabalikna manusa jadi korban parobahan jaman.

Upama ayeuna jaman geus robah ku mahabuna digital, hartina, ngawanohkeun saniskara pangajaran nu luyu jeung aturan kurikulum merdéka, kudu neueul kana pameredih média digital.

Baca Juga: SMA Pasundan 7 Kota Bandung jeung SMA Pasundan 3 Kota Cimahi, Sakola Unggulan jeung Nyiptakeun Atlit Petingan

Tarékah Ali, sanajan masih kawatesanan ku sarana jeung prasarana, teu burung ngabuah. Di Tatar Kota Bandung, préstasi akademik jeung non akademik siswa SMA Pasundan 4 Kota Bandung henteu tinggaleun, ninun sawatara préstasi nu nyeungitan sakola. Dilélér préstasi unggulan, munasabah mun PT Sanbe Farma ngajén kana préstasi di ieu sakola, mayeng méré beasiswa afirmasi keur 20 siswa didikna, siswa ti kelas X, XI, jeung kelas XII.

“Beasiswa ti Sanbe Farma kawilang ngabantu pisan, temahna barudak anteng diajar bari nganyam préstasi akademik jeung ékstrakurikuler nu nyugemakeun,” ceuk Ali.

Siswa séjénna nu jumlahna 121 urang, meunang ogé bantuan PIP jeung bantuan RMP.

Ngimeutan nu sakola di SMA Pasundan 4, holna téh ti wewengkon Cijerah, Cibeureum, Garuda, Babakan Ciparay, jeung sawaréhna ti daérah séjén. Pikeun Ali, tarékah séjén nu keur dihangkeutkeun, nataharkeun program Hatam Qur’an.

“Barudak kudu mampuh tamat Qur’an, jadi Hafidz,” pokna. Malahmandar, cenah, ku bisa jeung lancar maca Qur,’an, sakumna siswa didikna gugon tukon ngalaksanakeun kawajiban paréntah agama. Atuh, ceuk Ali, barudak didikna bisa nyengker tina dampak négatif kamajuan jaman. Éra globalisasi téa.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x