Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si, Ketua YPDM Pasundan: Kuciwa Guru PPPK Teu Balik Deui

- 31 Januari 2024, 08:51 WIB
Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si.
Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si. /Cecep KS/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Mangsa cepeng ka­lung­guhan Dekan Fa­kul­tas Keguruan dan Ilmu Pen­di­dik­an, Uni­ver­sitas Pa­sun­dan (FKIP Un­pas), Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si. nu gumelar 18 Maret 1960, torobosan tina pancén gawéna ngogan pinuji, di antarana, FKIP Unpas meunang kapercayaan ti pamaréntah jadi lembaga pa­gu­ron luhur nu ngayakeun ser­tifikasi guru. Ti 2009 tepi ka 2016, di 15 kabupatén jeung kota di Jawa Barat, aya sajumlah guru nu geus disertifikasi ku FKIP Unpas. 

Lian ti sertifikasi, prestasi ga­wé Dadang nu resep kana bad­minton téh, FKIP Unpas ditun­juk jadi penyelenggara Pendi­dikan Sarjana Kepen­di­dikan Guru dalam Jabatan (PSKGJ) liwat Pengakuan Pe­nga­laman Kerja & Hasil Belajar (PPKHB), pi­keun Program Studi Pendi­dikan Guru Sekolah Dasar (Prodi PGSD), nyaéta nyip­takeun Guru SD nu can jadi sarjana ti 2009 tepi ka 2019. Hasilna, ku alpu­kahna Dadang, ratusan guru SD di Jabar kiwari geus jaradi sar­jana.

Teu ukur semet dinya. Ino­vasi Dadang keur nanjeurkeun jeung ngaronjatkeun ajén aka­demik di lingkungan FKIP Un­pas, ngayakeun rukun gawé jeung SEAMED SEAMOLEC, Philipine, Chonbuk National University Korea, rukun gawé kredit  transfer jeung Univer­sitas Malaysia Sabah, ngahontal Prog­ram Hibah Kompetisi (PHK) ti Ditjen Dikti Depdiknas.

Baca Juga: Ali, S.Pd, MM Digitalisasi jeung Hatam al-Qur’an, Atikan Kudu Bisa Ngigelan Parobahan Jaman

Atuh, salila jadi Dekan FKIP Unpas, Dadang nu kungsi jadi Wakil Dekan II (1999-2002) sarta dua periode jadi Wakil Dekan I (2002-2010) téh, nga­ju­rung 20 urang dosen S2 ne­ruskeun kuliah, tepi ka réngséna S3. Di lingkungan internal FKIP Unpas, Dadang gé mampuh mertahankeun status akreditas A keur Prodi Bahasa Indonesia jeung Prodi Akuntansi. Atuh Prodi PPKN jeung Prodi Biologi nu status akreditasna B téh, geus aya taunna robah peringkat ak­reditasina jadi A.

Euyeubna prestasi Dadang dina ngokolakeun pendidikan di FKIP Unpas, mareng jeung ma­rén tugasna jadi Dekan, ku Paguyuban Pasundan teu dileu­paskeun kitu baé. Inyana kalah diistrenan jadi Ketua Yayasan Pendidikan Dasar dan Mene­ngah (YPDM) Pasundan, nu salila ieu ngokolakeun 114 SD/MI, tepi ka SMP katut SMA/SMK, sumebar di Jabar jeung Banten. Tekad Dadang, ngawangun kualitas pen­didikan di lingkungan Pasun­dan nu mibanda kualitas jeung jadi sakola unggulan.   

Ngawangkong di rohangan gawéna, ieu anak kolong ti pangsiunan TNI téh, Bapa D. Sujana suargi, daria ngajawab patalekan Galura, nyangha­reu­p­­an Penerimaan Peserta Didik Baru (PPDB) taun ajaran 2023/ 2024. “PPDB téh program prioritas Yayasan, lantaran ma­ju-mundurna dunya pendidikan di lingkungan Pasundan, guman­tung kana jumlah siswa didikna,” pokna.

Nu jadi pasualan ayeuna, cenah, kumaha carana ngung­ku­lan kompetitor séjén nu boga udagan nu sarua, leubeutna jumlah siswa nu saloba-lobana. “Di dinya koncina, urang kudu boga torobosan-torobosan nu strategis jeung efektif, di antarana, natawarkeun atawa ném­bongkeun kualitas panga­jar­­an, sababna mah nembrak­eun kualitas, éta barang dagangan nu dipikalandep ku balaréa. Kaasup di jerona nu dimaksud kualitas téh, patalina jeung kualitas pembelajaran, kualitas infra­struk­tur, kualitas layanan, ku­alitas SDM guru katut karyawan, tepi ka kualitas managerial jeung kualitas leadership,” pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x