Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si, Ketua YPDM Pasundan: Kuciwa Guru PPPK Teu Balik Deui

- 31 Januari 2024, 08:51 WIB
Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si.
Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si. /Cecep KS/galura.co.id

“Kitu deui dina kasundaan, urang nga­wanohkeun budaya Sunda. Di Pasundan henteu cukup ngawa­noh­keun peralatan kahirupan, éta kawilang  kognitif, kumaha guru ngagali hiji niley keur diterapkeun sangkan jadi nga­wangun karakter anu kuat.”

Ngeunaan guru di ling­kung­an YPDM Pasundan nu diangkat jadi guru P3K, Dadang ngarasa bungah. Ngan, hanjakalna, sikep pamaréntah téh katitén siga nu nyoco aamisna. Ana ditugas­keun deui, naha bet ditugaskeun di sakola negeri, henteu di sa­kola asal nu sarua ngabu­tuhkeun.

“Guru nu asup program P3K téh, guru nu mimiti asup ka sa­kola, beunang disebutkeun kamampuhna masih nol. Diajar jadi guru, tepi ka bisana, tepi ka ngabogaan prestasi. Ari geus asak, diangkat jadi guru P3K, ditempatkeun di tempat séjén, éta hanjeluna téh,” cenah.

Balukarna, sakola di ling­kung­an Pasundan jadi ngurang­an, pihakna kudu néangan guru ganti, rukun gawé jeung FKIP katut STKIP Pasundan. Kahan­jelu séjénna, pamaréntah kiwari ubyag ngadegkeun sakola negeri di saban daérah, munggaran nga­deg muka PPDB, béjana tepi ka 12 rombongan kelas, sakelas téh 32 urang.

Dina prakna mah sakola negeri téh aya nu narima murid leuwih ti 12 kelas. “Ari sakola swasta ngégél  curuk. Ieu pisan nu jadi kakuciwa téh,” ceuk Dadang mungkas wangkong­an.*** Cecep Ks

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah