Jadi, cenah, perpanjangan jabatan téh tinimbanganna leuwih kana kapentingan potensi éta sakola sina mingkin maju jeung ngaronjat. “Ari jabatan mah amanah kepercayaan, di sagigireun syarat normatif nu séjénna,” pokna deui.
Baca Juga: Munaqosah Tahfidz 2024 di SMAN 2 Lembang,
Nu jelas, Dadang ngécéskeun, bulan Januari 2024, inyana baris ngayakeun rotasi jeung mutasi pikeun sakumna kepala sakola, ti mimiti Kepala SD/MI, SMP, tepi ka Kepala SMA jeung SMK.
Patali jeung Rekayasa Kurikulum, dina teori, pancén guru ngembangkeun kurikulum. Saenyana, ceuk Dadang, dina prak-prakanna teu kudu waé nunggu ayana parobahan kurikulum sacara nasional. “Guru kudu mampuh jeung bisa ngarobah eusi kurikulum nu luyu jeung jaman kakiwarian,” pokna.
Sebut wé kurikulum téh ditetepkeun lima taun nu kaliwat. Tampolana, niténan eusina aya bagian nu kurang luyu jeung kondisi taun 2023. Di dinya guru kudu kreatif jeung boga boga motivasi, nyaluyukeun eusi kurikulum, teu kudu heula ngadagoan datangna kawijakan ti pamaréntah nu sagemblengna.
Nu kadua, ceuk Dadang, dina kurikulum aya nu disebut hidden kurikulum, eusina aya bagian dina kurikulum nu nyamuni, nu unggelna taya réngkolna, tapi kacida pentingna éta eusi kurikulum téh kudu dilarapkeun, kudu dikembangkeun. Ceuk Dadang, éta otoritasna wilayah guru, tujuanna keur ngembangkeun hidden kurikulum nu nyamuni téa.
Misalna waé, pangajaran nu disaluyukeun jeung kondisi lingkungan, tangtuna keur barudak nu dumuk di basisir, élmu nu diajarkeun ku guru téh nu aya patalina jeung kondisi lingkungan, contona cara néwak lauk, kitu deui pangajaran keur barudak nu dumukna di daérah pagunungan, leuwih payus mun diajarkeun ngeunaan budaya jeung kaparigelan pertanian jeung perkebunan. Tah, éta téh kurikulum merdeka téa.
Baca Juga: Kadisdik Jabar: Polman II di Kabupaten Majalengka Ngaronjatkeun Jumlah Siswa nu Neruskeun Kuliah
“Kurikulum merdeka belajar téh esensina meré kabebasan ka para siswa patali jeung kagiatan proses belajar. Para siswa dibéré kabebasan dina diajar, milih materi pelajaran nu dipikaresep, tapi muara élmuna kudu kognitif, afektif, jeung psikomotor,” pokna deui.
Kurikulum nasional téh, cenah, kudu saujratna. Rékayasa pengembangan kurikulum, éta wilayah garapan guru. Konteks kapasundanan, ngeunaan pendidikan karakter, ngadorong kana parubahan sikep, éta lain waé tanggung jawab guru agama jeung guru PPKN, atawa guru bidang studi nu séjénna dina prakna ngajar kudu nyelapkeun pangajaran agama, éta muatan moral dan nilai agama.