GALURA.CO.ID -Mangsa cepeng kalungguhan Dekan Fakultas Keguruan dan Ilmu Pendidikan, Universitas Pasundan (FKIP Unpas), Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si. nu gumelar 18 Maret 1960, torobosan tina pancén gawéna ngogan pinuji, di antarana, FKIP Unpas meunang kapercayaan ti pamaréntah jadi lembaga paguron luhur nu ngayakeun sertifikasi guru. Ti 2009 tepi ka 2016, di 15 kabupatén jeung kota di Jawa Barat, aya sajumlah guru nu geus disertifikasi ku FKIP Unpas.
Lian ti sertifikasi, prestasi gawé Dadang nu resep kana badminton téh, FKIP Unpas ditunjuk jadi penyelenggara Pendidikan Sarjana Kependidikan Guru dalam Jabatan (PSKGJ) liwat Pengakuan Pengalaman Kerja & Hasil Belajar (PPKHB), pikeun Program Studi Pendidikan Guru Sekolah Dasar (Prodi PGSD), nyaéta nyiptakeun Guru SD nu can jadi sarjana ti 2009 tepi ka 2019. Hasilna, ku alpukahna Dadang, ratusan guru SD di Jabar kiwari geus jaradi sarjana.
Teu ukur semet dinya. Inovasi Dadang keur nanjeurkeun jeung ngaronjatkeun ajén akademik di lingkungan FKIP Unpas, ngayakeun rukun gawé jeung SEAMED SEAMOLEC, Philipine, Chonbuk National University Korea, rukun gawé kredit transfer jeung Universitas Malaysia Sabah, ngahontal Program Hibah Kompetisi (PHK) ti Ditjen Dikti Depdiknas.
Baca Juga: Ali, S.Pd, MM Digitalisasi jeung Hatam al-Qur’an, Atikan Kudu Bisa Ngigelan Parobahan Jaman
Atuh, salila jadi Dekan FKIP Unpas, Dadang nu kungsi jadi Wakil Dekan II (1999-2002) sarta dua periode jadi Wakil Dekan I (2002-2010) téh, ngajurung 20 urang dosen S2 neruskeun kuliah, tepi ka réngséna S3. Di lingkungan internal FKIP Unpas, Dadang gé mampuh mertahankeun status akreditas A keur Prodi Bahasa Indonesia jeung Prodi Akuntansi. Atuh Prodi PPKN jeung Prodi Biologi nu status akreditasna B téh, geus aya taunna robah peringkat akreditasina jadi A.
Euyeubna prestasi Dadang dina ngokolakeun pendidikan di FKIP Unpas, mareng jeung marén tugasna jadi Dekan, ku Paguyuban Pasundan teu dileupaskeun kitu baé. Inyana kalah diistrenan jadi Ketua Yayasan Pendidikan Dasar dan Menengah (YPDM) Pasundan, nu salila ieu ngokolakeun 114 SD/MI, tepi ka SMP katut SMA/SMK, sumebar di Jabar jeung Banten. Tekad Dadang, ngawangun kualitas pendidikan di lingkungan Pasundan nu mibanda kualitas jeung jadi sakola unggulan.
Ngawangkong di rohangan gawéna, ieu anak kolong ti pangsiunan TNI téh, Bapa D. Sujana suargi, daria ngajawab patalekan Galura, nyanghareupan Penerimaan Peserta Didik Baru (PPDB) taun ajaran 2023/ 2024. “PPDB téh program prioritas Yayasan, lantaran maju-mundurna dunya pendidikan di lingkungan Pasundan, gumantung kana jumlah siswa didikna,” pokna.
Nu jadi pasualan ayeuna, cenah, kumaha carana ngungkulan kompetitor séjén nu boga udagan nu sarua, leubeutna jumlah siswa nu saloba-lobana. “Di dinya koncina, urang kudu boga torobosan-torobosan nu strategis jeung efektif, di antarana, natawarkeun atawa némbongkeun kualitas pangajaran, sababna mah nembrakeun kualitas, éta barang dagangan nu dipikalandep ku balaréa. Kaasup di jerona nu dimaksud kualitas téh, patalina jeung kualitas pembelajaran, kualitas infrastruktur, kualitas layanan, kualitas SDM guru katut karyawan, tepi ka kualitas managerial jeung kualitas leadership,” pokna.
Cohagna mah, ceuk Dadang, nyarita kualitas kamampuh guru, guru kudu mibanda tilu kecerdasan (binekas), idealna guru kudu mibanda kecerdasan spiritual (spiritual quotient), kecerdasan emosi (emotional quotient) jeung kecerdasan intelektual (intelegence quotient). “Cerdas intelektual, guru baris ngogan simpati nu jadi murid jeung kolot murid, murid baris ngarasa reueus boga guru nu masagi dina pprofesina,” cenah.
Jadi, ceuk Dadang, dina ngajalankeun pancénna, pameredih ka nu jadi guru lain waé kudu pinter keur ngajar, tapi, saéstuna guru kudu ngabogaan opat kompetensi, kayaning kompetensi pedagogik, kapribadian, kompetensi sosial, jeung kompetensi personal nu dihasilkeun tina pendidikan profési.
Numutkeun Dadang, jadi guru mah kudu seukeut, seukeut dina harti sagala bisa. Dina kahirupan alam kiwari, cenah, geus lain waktuna deui urang ngagul-ngagulkeun sakola, nu sipatna ukur ngabobodo ka masarakat. “Nu realistis wé, nyarita konsén kualitas pembelajaran, sakola di lingkungan Pasundan mah; Kumaha kétak guru mampuh nyiptakeun suasana belajar nu pikaresepeun di rohangan kelas, tuluy élmu nu dibikeun ku guru karasa mangpaatna ku para siswa, boh élmu bekel hirup di masarakat, boh élmu bekel neruskeun sakola ka paguron luhur boh bekel élmu nu bisa dipaké andelan dirina asup ka tempat gawé,” pokna.
Jadi, Dadang nyambungkeun panitenna, élmu nu diterapkeun guru téh bener-bener anu luyu jeung atikan agama, tina sisi pangaweruh, tina potensi kompetensi akademikna, tina sisi sikep jeung paripolah gé bisa karasa.
Baca Juga: MA Darul Ma'arif Kabupaten Bandung Adu Manis Atikan Sain Teknologi jeung Kaislaman
Bawirasa, masarakat atawa utamana kolot murid téh, samiuk, cacarita di lingkungan masarakat, ningali budakna nu tadina kurang getol sakola, kurang getol ngalaksanakeun ibadah salat jeung ibadah nu séjénna, ti saprak jadi murid di lingkungan Pasundan mah, paripolahna katangen mingkin hadé, mingkin robah, tukuh kana ngalaksanakeun ajaran agama. katémbong hormat tilawat ka nu jadi kolot jeung paripolahna mingkin hadé.
Ngeunaan penguatan kualitas guru di sakola, ayeuna téh loba guru jeung kepala sakola di lingkungan Pasundan nu rék pangsiun,kawijakanna kumaha?
Pupuhu atawa kepala sakola nu rék pangsiun, cenah, pancén gawéna diperpanjang atawa henteu, ésénsina éta hak perogratif Yayasan, dina harti séjén, kepercayaan. “Percaya kana kamampuhna,” pokna.
Ngan, ceuk Dadang, tumuwuhna kapercayaan ti Yayasan, diwangun ku track record éta kepala sakola. Jadi, moal aya istilah, naha kepala nu ieu pancen gawéna ditambahan, ari nu ieu henteu. Dina seuh-seuhanna, pihak Yayasan gé motrét. Kepala sakola nu pancénna ditambahan deui waktuna, kasangtukangna aya hasil tina éta potrét. “Insyaalloh hasil potrét éta nyata. Moal aya diskriminasi,” pokna.
Jadi, cenah, perpanjangan jabatan téh tinimbanganna leuwih kana kapentingan potensi éta sakola sina mingkin maju jeung ngaronjat. “Ari jabatan mah amanah kepercayaan, di sagigireun syarat normatif nu séjénna,” pokna deui.
Baca Juga: Munaqosah Tahfidz 2024 di SMAN 2 Lembang,
Nu jelas, Dadang ngécéskeun, bulan Januari 2024, inyana baris ngayakeun rotasi jeung mutasi pikeun sakumna kepala sakola, ti mimiti Kepala SD/MI, SMP, tepi ka Kepala SMA jeung SMK.
Patali jeung Rekayasa Kurikulum, dina teori, pancén guru ngembangkeun kurikulum. Saenyana, ceuk Dadang, dina prak-prakanna teu kudu waé nunggu ayana parobahan kurikulum sacara nasional. “Guru kudu mampuh jeung bisa ngarobah eusi kurikulum nu luyu jeung jaman kakiwarian,” pokna.
Sebut wé kurikulum téh ditetepkeun lima taun nu kaliwat. Tampolana, niténan eusina aya bagian nu kurang luyu jeung kondisi taun 2023. Di dinya guru kudu kreatif jeung boga boga motivasi, nyaluyukeun eusi kurikulum, teu kudu heula ngadagoan datangna kawijakan ti pamaréntah nu sagemblengna.
Nu kadua, ceuk Dadang, dina kurikulum aya nu disebut hidden kurikulum, eusina aya bagian dina kurikulum nu nyamuni, nu unggelna taya réngkolna, tapi kacida pentingna éta eusi kurikulum téh kudu dilarapkeun, kudu dikembangkeun. Ceuk Dadang, éta otoritasna wilayah guru, tujuanna keur ngembangkeun hidden kurikulum nu nyamuni téa.
Misalna waé, pangajaran nu disaluyukeun jeung kondisi lingkungan, tangtuna keur barudak nu dumuk di basisir, élmu nu diajarkeun ku guru téh nu aya patalina jeung kondisi lingkungan, contona cara néwak lauk, kitu deui pangajaran keur barudak nu dumukna di daérah pagunungan, leuwih payus mun diajarkeun ngeunaan budaya jeung kaparigelan pertanian jeung perkebunan. Tah, éta téh kurikulum merdeka téa.
Baca Juga: Kadisdik Jabar: Polman II di Kabupaten Majalengka Ngaronjatkeun Jumlah Siswa nu Neruskeun Kuliah
“Kurikulum merdeka belajar téh esensina meré kabebasan ka para siswa patali jeung kagiatan proses belajar. Para siswa dibéré kabebasan dina diajar, milih materi pelajaran nu dipikaresep, tapi muara élmuna kudu kognitif, afektif, jeung psikomotor,” pokna deui.
Kurikulum nasional téh, cenah, kudu saujratna. Rékayasa pengembangan kurikulum, éta wilayah garapan guru. Konteks kapasundanan, ngeunaan pendidikan karakter, ngadorong kana parubahan sikep, éta lain waé tanggung jawab guru agama jeung guru PPKN, atawa guru bidang studi nu séjénna dina prakna ngajar kudu nyelapkeun pangajaran agama, éta muatan moral dan nilai agama.
“Kitu deui dina kasundaan, urang ngawanohkeun budaya Sunda. Di Pasundan henteu cukup ngawanohkeun peralatan kahirupan, éta kawilang kognitif, kumaha guru ngagali hiji niley keur diterapkeun sangkan jadi ngawangun karakter anu kuat.”
Ngeunaan guru di lingkungan YPDM Pasundan nu diangkat jadi guru P3K, Dadang ngarasa bungah. Ngan, hanjakalna, sikep pamaréntah téh katitén siga nu nyoco aamisna. Ana ditugaskeun deui, naha bet ditugaskeun di sakola negeri, henteu di sakola asal nu sarua ngabutuhkeun.
“Guru nu asup program P3K téh, guru nu mimiti asup ka sakola, beunang disebutkeun kamampuhna masih nol. Diajar jadi guru, tepi ka bisana, tepi ka ngabogaan prestasi. Ari geus asak, diangkat jadi guru P3K, ditempatkeun di tempat séjén, éta hanjeluna téh,” cenah.
Balukarna, sakola di lingkungan Pasundan jadi ngurangan, pihakna kudu néangan guru ganti, rukun gawé jeung FKIP katut STKIP Pasundan. Kahanjelu séjénna, pamaréntah kiwari ubyag ngadegkeun sakola negeri di saban daérah, munggaran ngadeg muka PPDB, béjana tepi ka 12 rombongan kelas, sakelas téh 32 urang.
Dina prakna mah sakola negeri téh aya nu narima murid leuwih ti 12 kelas. “Ari sakola swasta ngégél curuk. Ieu pisan nu jadi kakuciwa téh,” ceuk Dadang mungkas wangkongan.*** Cecep Ks