Perlu Dirojong ku Sakumna Pihak PPDB  nu Objektif, Transparan, jeung Akuntabel

- 4 Juni 2024, 18:45 WIB
Plh. Kadisdik Jabar, Mochamad Ade Afriandi.
Plh. Kadisdik Jabar, Mochamad Ade Afriandi. /

 

 

GALURA.CO.ID -Penerimaan Peserta Didik Baru (PPDB) teh proses awal atikan di tingkat dasar jeung menengah. PPDB nu objektif, transparan, jeung akuntabel teu cukup ukur disindekelkeun ka panitia PPDB. Tapi oge perlu dirojong ku sakumna pihak, panitia, kolot siswa, jeung ku masarakat nu minangka komponen ti Tri Pusat Pendidikan.

Kitu ditepikeun ku Plh Kadisdik Jabar, Mochamad Ade Afriandi, Jumaah (31/05/2024). “Di taun 2024 ayeuna dijieun torobosan anyar: ayana Komitmen Bersama nu dilakukan ku Forum Komunikasi Pimpinan Daerah (Forkompimda) keur ngarojong PPDB nu objektif, transparan, jeung akuntabel tur bersiht ina intervensi," pokna.

Ieu komitmehn diteruskeun ku ditandatanganna Pakta Integritas ti mimiti Dinas Pendidikan, Cabang Dinas di wilayah I sampai XIII tepi  ka satuan pendidikan sajawa Barat keur ngawujudkeun PPDB luyu jeung prinsip-prinsip PPDB. “Aplikasi PPDB oge dibebenah sangkan ngentengkeun masarakat,” ceuk M.Ade.

Ngeunaan transparansi data, ku Disdik Jabar  dibahas  jeung Komisi Informasi Publik (KIP) Ombudsman Jawa Barat  ngeunaan keterbukaan informasi publik (KIB) nu ngaruju  kana aturan. “Aya nu informasi data nu bisa ditayangkeun di publik, aya oge nu teu bisa dibewarakeun ka publi,” ceuk M. Ade.

Dina jalur zonasi, anu jadi ukuran Kartu Keluarga (KK) calon siswa lain asal SMP atawa MTs. "Bisa wae asal sekolana di luar kota, upamana di Garut, SMA-na daftar di Bandung calon siswa jeung kolotna pindah ka Bandung. Anu penting, calon siswa geus cicing di Bandung minimal sataun," pokna.

Ditandeskeun masarakat, kolot siswa atawa pihak nu aya patalina jeung dikaluarkeunana KK perlu mastikan calon siswa teu ngamanipulasi KK sangkan deukeut ka alamat domisili ka sakola nu dipikahayangna.  "Mun ieu kajadian, moal bisa diwujudkeun karakter calon siswa nu jujur, disiplin, demokratis," pokna.

Inyana meredih PPDB yang objektif, transparan, akuntabel, jeung bersih perlu dirojong ku sakumna pihak, kolot siswa, sakola, jeung masarakat keur nyiptakeun entragan ngora sangkanjadi pamingpin nu jujur. “Pemimpin jujur hadirkan sekolah jujur. Sekolah jujur hasilkan pemimpin jujur," pokna.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah