Dua Imah Panggung di Majalengka Kahuruan, Karugian Ditaksir Rp200 Juta

- 27 Juni 2024, 21:00 WIB
kahuruan di Blok Desa RT 003 RW 002 Desa Mekarwangi, Kecamatan Lemahsugih, Kemis (27/6/2024).
kahuruan di Blok Desa RT 003 RW 002 Desa Mekarwangi, Kecamatan Lemahsugih, Kemis (27/6/2024). /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID - Sajumlah 2 imah di Kabupaten Majalengka, Jawa Barat kahuruan tepi ka teu nyesa,  ngabalukarkeun karugian nu ditaksir nepi ka Rp200 juta.

"Leres aya kajantenan bencana kahuruan 2 bumi panggung di wilayah teritorial Koramil Lemahsugih," ceuk Danramil 1707/Lemahsugih Lettu Chb Bajuri, nalika dikonfirmasi, Kemis (27/06/2024).

Kajadian kahuruan di Blok Desa RT 003 RW 002 Desa Mekarwangi, Kecamatan Lemahsugih, Kemis (27/6/2024) kurang leuwih jam 10.40 WIB. Seuneu anu ngabebela ngalentab ka imah sejenna, lantaran padeukeut katambah ku angin ngagelebug.

"Nalika kajantenan anu gaduh bumi Ratijah (47) sateng Iyah (55) nuju aya sawah, putrana (Lina) aya di bumina. Ningal seuneu di hateup bumi langsung kaluar tur ngagorowok nyuhunkeun tulung, kalayan kondisi seuneu masih ngabebela lantaran angin ngagelebug," ceuk Danramil.

Danramil nambahkeun, seuneu mapay ka dapur sarta seuneu teu bisa dipareuman. Satuluyna dua imah panggung eta renghek kaduruk katut barang-barang.

Pihakna bareng Polsek Lemahsugih katut masarakat kungsi heseeun mareuman seuneu. Hal eta lantaran material bangunan tina kai dina kituna tereh kaduruk sarta angin nu ngagelebug. Teu aya korban jiwa.

"Teu aya korban jiwa tur karugelan balukar kajantenan eta dugi ka 200 juta rupiah, seuneu tiasa dipateuman kirang langkung tabuh 12.30 WIB," ceuk Lettu Chb Bajuri.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah