Kapolsek Ligung Masrahkeun Bansos keur Korban Kahuruan di Desa Sukawera

- 10 Juni 2024, 12:30 WIB
Kapolsek Ligung masrahkeun bansos  keur korban kahuruan imah di Desa Sukawera, Kecamatan Ligung, Kabupaten Majalengka (08/06/2024).
Kapolsek Ligung masrahkeun bansos keur korban kahuruan imah di Desa Sukawera, Kecamatan Ligung, Kabupaten Majalengka (08/06/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kapolsek Ligung AKP Asep Saepudin, dibarengan ku Waka Polsek Ligung IPTU Suparmo, katut pagawe Desa Sukawera, masrahkeun bantuan sosial (bansos) keur masarakat korban kahuruan imah di Desa Sukawera, Kecamatan Ligung, Kabupaten Majalengka.

Bantuan dipasrahkeun ka Tri Nuraeni, warga Desa Sukawera, anu imahna kahuruan sababaraha waktu katukang, Saptu (8/6/2024).

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ditepikeun ku Kapolsek Ligung, netelakeun bansos teh bagean tina tarekah Polri pikeun karasa ayana tur ngabantu masarakat dina situasi naon wae.

"Simkuring katut rengrengan Polres Majalengka miharep bantosan sakedikna tiasa ngabantos bangbaluh Ibu Tri Nuraeni miwah kulawargina anu nuju nandangan cocobi," ceuk AKP Asep Saepudin.

AKP Asep Saepudin oge nambahkeun, pihakna bakal tuluy narekahan mere rojongan keur masarakat anu ngabutuhkeun, boh bansos boh rojongan lianna.

"Simkuring katut rengrengan Polres Majalengka komitmen kangge teras aya di t masarakat, masihan bantosan, utamina kangge aranjeunna anu nuju nandangan kasesah," ceuk Kapolsek Ligung.

Kepala Desa Sukawera, Ahmad, ngahatur nuhunkeun ka Polsek Ligung kana perhatian jeung bantuanana.

"Sim kuring katut rengrengan aparat desa ngaapresiasi lengkah getapan sareng perhatosan ti Polsek Ligung. Bantosan kawilang diperyogikeunna ku Ibu Tri Nuraeni miwah kulawargina," ceuk Ahmad.

Tri Nuraeni, anu nampa bantuan, teu bisa nyamunikeun rasa kabungah oge kagagasna. "Simkuring kacida ngahatur nuhunkeunna ka Kapolsek Ligung oge sakumna pihak anu tos ngabantosan. Bantosan ieu kawilang ageng ajenna kangge kulawargi simkuring anu nuju kenging musibat," ceuk Tri Nuraeni bari ngalimba.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah