Balukar Kurang Paham Soal Listrik, Dapur Imah Hiji Warga di Ligung Kahuruan

- 10 Juni 2024, 11:36 WIB
"Dapur Imah Darwinah (49) warga Dusun Dukuh Asih RT 01 RW 06 Desa Sukawera, Kecamatan Ligung, Kabupaten Majalengka, Jumaah (07/06/2024) beurang,  kahuruan.
"Dapur Imah Darwinah (49) warga Dusun Dukuh Asih RT 01 RW 06 Desa Sukawera, Kecamatan Ligung, Kabupaten Majalengka, Jumaah (07/06/2024) beurang, kahuruan. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dapur imah warga Dusun Dukuh Asih RT 01 RW 06 Desa Sukawera, Kecamatan Ligung, Kabupaten Majalengka, Jumaah (07/06/2024) beurang, kahuruan. Diduga balukar nu boga imah kurang paham ngeunaan listrik.

"Dapur bumi Ibu Darwinah (49) kahuruan, patugas Damkar ngirimkeun dua unit Damkar kangge mareuman seuneu," ceuk Danramil 1713/Ligung Kapten Inf Sarna, nalika dikonfirmasi, Jumaah (7/6/2024).

Danramil nyebutkeun kajadianana jam 14.30 WIB, diduga balukar konsleting listrik arus pendek nalika anu boga imah keur ngahaneutkeun sangu dina magicom.

Danramil netelakeun, nalika staker magicom di koneksikan ka arus AC listrik, arus daya di meteran MCB PLN jadi turun. Anu boga imah maksa naekeun tegangan arus AC di MCB Meteran PLN.

Magicom anu masih koneksi jeung arus AC, ngaluarkeun seuneu di kabel Magicom tur seuneu ngarambat muru ka terminal sambungan kabel anu kakoneksi jeung material kayu di dapur.

"Balukar tina ieu kajantenan, teu aya korban jiwa. Karugelan materiil kinten-kinten dugi ka Rp15 juta rupiah," ceuk Danramil.

Seuneu bisa dipareuman kurang leuwih jam 14.50 WIB ku petugas Damkar anu dibantu anggota Koramil Ligung, Polsek Ligung jeung warga sabudeureunana.*** Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah