Pulisi Olah TKP Imah di Desa Maja Selatan Majalengka nu Kahuruan. Aya Korban nu Tilar

- 27 Februari 2024, 09:46 WIB
Kapulisian Majalengka olah Tempat Kejadian Perkara (TKP) di imah nu kahuruan di Blok Selasa RT 005 Rw.006, Desa Maja Selatan, Kecamatan Maja, Kabupaten Majalengka (23/02/2924).
Kapulisian Majalengka olah Tempat Kejadian Perkara (TKP) di imah nu kahuruan di Blok Selasa RT 005 Rw.006, Desa Maja Selatan, Kecamatan Maja, Kabupaten Majalengka (23/02/2924). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kapulisian Majalengka olah Tempat Kejadian Perkara (TKP) di imah nu kahuruan di Blok Selasa RT 005 Rw.006, Desa Maja Selatan, Kecamatan Maja, Kabupaten Majalengka. Olah TKP dipingpin langsung ku Kapolsek Maja Polres Majalengka Polda Jabar, AKP Kenedy Joko Lelono, Jumaah (23/02/2024).

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ditepikeun ku Kapolsek Maja, AKP Kenedy Joko Lelono, netelakeun kahuruanama eta kira-kira 02.00 wanci janari. Imahna teh bogana Hj. YS. Kanyahoanana teh ku OS, anu nempo seuneu ngabebela di luhur hateup imah.

"OS gancang nyuhunkeun bantosan warga mareuman seuneu. Karugelan materi kirang langkung 100.000.000 rupiah. Dina eta musibat kapendak layon pameget, insial M, dina kaayaan ngagoler di luhur kasur kalayan salirana ti luhur dugi ka handap tatu kaduruk," ceuk Kapolsek Maja.

Baca Juga: Polres Majalengka Gelar Rekonstruksi Rajapati di Hareupeun Pakarangan SD Negeri Simpeureum II

Korban M kapanggih di jero kamer imah nalika patugas mariksa TKP. Seuneu diduga asalna tina roko satuluyna malapay ka sakabeh imah. Waktu kajadian kulawarga korban keur dagang di pasar Maja tur anu boga imah keur meuting di imah anu sejen di Blok Cikedung Desa Maja Utara.

Tim medis ti Puskesmas Maja, anu dipingpin ku dr. Dea Syahidatul M., netelakeun korban tilar dunya balukar tatu kaduruk anu parna. Kulawarga korban ngaku layon teh kulawargana tur meredih sangkan teu diotopsi. Hal eta dibuktikeun ku surat pernyataan nu ditandatangan ku Kepala Desa Maja Selatan dina materai Rp10.000,-.

Salian Kapolsek Maja, olah TKP ngaubtkeun Pawas Polres Majalengka, Piket Reskrim jeung Inafis Polres Majalengka, Kanit Reskrim Polsek Maja, Kanit Ik Polsek Maja, Bhabinkamtibmas Desa Maja Selatan, Babinsa Koramil Maja, Damkar Kabupaten Majalengka, BPBD Kabupaten Majalengka, dokter, jeung petugas Puskesmas Maja.

Korban dievakuasi imah kulawarga korban anu anggang kurang leuwih 15 meter tiTKP.*** Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah