Balukar Ditinggalkeun ku nu Bogana, lmah di Cidenok Majalengka Kahuruan

- 18 Juni 2024, 17:00 WIB
, imah  di Kecamatan Sumberjaya Kabupaten Majalengka, Senen beurang (17/6/2024) kahuruan, diduga akibat konsleting Listrik atawa arus pendek (17/06/2024).
, imah di Kecamatan Sumberjaya Kabupaten Majalengka, Senen beurang (17/6/2024) kahuruan, diduga akibat konsleting Listrik atawa arus pendek (17/06/2024). /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kahuruan imah di Kabupaten Majalengka mindeng kajadian. Kamari balukar ditinggalkeun ku nu bogana, imah di Kecamatan Sumberjaya Kabupaten Majalengka, Senen beurang (17/6/2024) kahuruan, diduga akibat konsleting Listrik atawa arus pendek.

"Hiji bumi anu Bapa Sanusi miwah Ibu Aminah anu alamatna di Blok Kamis RT 04 RW 02 Desa Cidenok tutung kahuruan, Babinsa Koramil Sumberjaya jeung aparat Desa katut warga sabudeureun ngagunakeun pakakas saayana satekah polah mareuman seuneu anu ngabebela," ceuk Danramil 1711/Sumberjaya Kapten Inf Iyus Ibnu Khajar, nalika dikonfirmasi, Senen (17/6/2024).

Danramil netelakeun, eta kajadian kurang leuwih jam 14.10 WIB, diduga balukar konsleting Listrik. Dina waktu kajadian anu boga imah keur suwung.

"Nalika kajantenan, warga anu dumukna di sabudeureun lokasi ningali sapertos aya haseup di luhureun bumi. Rengse dicaketan di bagian lebet bumi tos aya seuneu anu ngabebela, sabagian barang-barang anu aya di lebet bumi tos kaduruk," ceuk Danramil.

"Balukar eta kajantenan, karugelan bangunan dugi 60% ruksak parna.Korban jiwa teu aya. Seuneu tiasa dipareuman kinten-kinten tabuh 15.00 WIB, alpukah gawe bareng sakumna pihak," ceuk Danramil.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah