Satlantas Polres Majalengka Rukun Gawe jeung Disdik dina Lomba Polisi Cilik di Polda Jabar

- 17 Juni 2024, 17:32 WIB
Kanit Kamsel Sat Lantas Polres Majalengka, Ipda Aef Saefusyidqi, S.H.koordinasi jeung Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka di Rohangan Disdik Kabupaten Majalengka (12/06/2024) patali jeung lomba polisi cilik.
Kanit Kamsel Sat Lantas Polres Majalengka, Ipda Aef Saefusyidqi, S.H.koordinasi jeung Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka di Rohangan Disdik Kabupaten Majalengka (12/06/2024) patali jeung lomba polisi cilik. /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Saperti anu geus medal sataun katukang di Galura, Pocil (polisi cilik) SDN Majalengka Wetan IV nyangking dua gelar juara dina lomba Pocil tingkat Jawa Barat nu dilaksanakeun di Polda Jabar awal Juni 2023 dina raraga HUT Bhayangkara 2023.

Dina lomba Pocil di Polda Jabar pikeun ngareuah-reuah HUT Bhayangkara 2023, Pocil SDN Majalengka Wetan IV nyangking dua gelar: The Best Performance from Social Media jeung gelar Potensial.

Dina gelaran lomba Pocil di Polda Jabar, anu jadi wawakil ti Kabupaten Majalengka teh SDN Majalengka Wetan IV. Anu miluan ti sakuliah Provinsi Jawa Barat dina raraga mieling HUT Bayangkara 2023.

Kadisdik Majalengka Dr Hj. Lilis Yuliasih, M. Pd., ngungkabkeun kareueus tur gumbirana ka prestasi Pocil Majalengka, dipiharep sangkan prestasi Pocil Majalengka bisa dironjatkeun deui.

"Hatur nuhun ka Polres Majalengka nu tos ngalaksanakeun Police Goes to School nu dikokolakeun ku Santlantas Polres Majalengka. Hal eta tangtosna kangge maparinan pamahaman perkawis pentingna kasalametan lalu lintas ka sakumna murid sakola," ceuk Kadisdik Majalengka.

Ngeunteung dina kasuksesan taun 2023 kamari,  Satlantas Polres Majalengka nembongkeun komitmenna dina ngabina generasi ngora ngaliwatan program Polisi Cilik (Pocil).

Kanit Kamsel Sat Lantas Polres Majalengka, IPDA Aef Saefusyidqi, S.H., jeung anggotana ngalaksanakeun koordinasi jeung Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka di Rohangan Disdik Kabupaten Majalengka, Rebo (12/06/2024).

Silaturahmi mibanda udagan keur ngabahas kasiapan lomba Polisi Cilik anu bakal dilaksanakeun di Polda Jabar dina tanggal 20 Juni 2024.

Dina silaturahmi  dibahas Memorandum of Understanding (MoU) antara Satlantas Polres Majalengka jeung Dinas Pendidikan keur ngabentuk Pocil di tingkat Sekolah Dasar (SD).

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah