Masrahkeun 3000 Sertipikat Tanah di Kabupaten Bandung Jokowi: Dijaminkeun ka Bank Pastikeun keur Modal Usaha

- 3 Februari 2024, 21:02 WIB
Presiden sacara simbolik masrahkeun sertifikat tanah di Kabupaten Bandung (3/2/2024).
Presiden sacara simbolik masrahkeun sertifikat tanah di Kabupaten Bandung (3/2/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Presiden RI, Joko Widodo (Jokowi) dibarengan Menteri Agraria dan Tata Ruang/ Badan Pertanahan Nasional (ATR BPN) RI, Hadi Tjahjanto masrahkeun sertipikat tanah dina kagiatan Penyerahan Sertipikat Tanah untuk Rakyat di Gelanggang Olah Raga (GOR) Si Jalak Harupat Kabupaten Bandung, Saptu, 3 Pebruari 2024.

Lobana 3000 sertipikat tanah tina program Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkap (PTSL) taun 2023, dipasrahkeun. Sacara simbolis, Jokowi masrahkeunana ka 10 panarima manfaat PTSL.

Baca Juga: Menteri ATR BPN RI Hadi Tjahjanto: Sertipikat Nyinglar Lahan Disorobot

Jokowi amanat ka masarakat, sangkan sertipikat nu geus ditarima dirawat sing hadè. Mun seug dijadikeun jaminan nginjeum duit ka bank, pastikeun jang modal usaha.

Samèmèhna, dina kasempetan harita kènèh Menteri ATR BPN, Hadi Tjahjanto nètèlakeun, cumponan pendaftaran tanah di Jawa Barat tepi ka taun 2023 tina total widang tanah sajumlah 23 juta bidang geus kadaftar kana 68 persen.

Ceuk Hadi Tjahjanto, kagiatan setipikasi tanah  nambah nilai ekonomi di Jawa Barat sajumlah Rp 613 triliun, jeung 95 persenna tina kagiatan Hak Tanggung.

Keur progres pandaftaran tanah di Kabupaten Bandung sorangan, ceuk Hadi,  tina jumlah bidang tanah di Kabupaten Bandung sakira 1.029.175 widang, kiwari geus kadaftar  954 863 widang, atawa cumponna 92,77 persen.

Hadi nyebutkeun, dina taun 2023, Kantor ATR BPN Kabupaten Bandung ngahontal 100 persen target PTSL sajumlah 60.000 widang.

Hadi nyebutkeun, "Kementerian ATR BPN terus satèkah polah sangkan kagiatan PTSL di sakuliah Indonesia tepi waktu target widang tanah sajumlah 126 juta widang. geus terdaftar sebanyak 110,4 juta wiidang.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah