Program PTSL PM, BPN Majalengka Masrahkeun Sertifikat, Warga Mibanda Kapastian Hukum

- 27 Juli 2023, 09:46 WIB
Kepala BPN ATR Majalengka masrahkeun 150 sertifikat tanah hasil program Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkap Berbasis Partisipasi Masyarakat (PTSL PM) taun 2023 ka warga Kabupaten Majalengka di pakarangan kantor Kecamatan Majalengka, Rebo (26/07/2023).
Kepala BPN ATR Majalengka masrahkeun 150 sertifikat tanah hasil program Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkap Berbasis Partisipasi Masyarakat (PTSL PM) taun 2023 ka warga Kabupaten Majalengka di pakarangan kantor Kecamatan Majalengka, Rebo (26/07/2023). /Ayank/Galura

GALURA -BPN Majalengka masrahkeun 150 sertifikat tanah hasil program Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkap Berbasis Partisipasi Masyarakat (PTSL PM) taun 2023 ka warga Kabupaten Majalengka di pakarangan kantor Kecamatan Majalengka, Rebo (26/07/2023).

Kepala BPN Majalengka, Wendi Ismawan nyebutkeun program PTSL PM udaganana sangkan warga dina ngapamilik lahan boga kapastian hukum. Salian ti eta oge nembongkeun antusiasme masarakat dina ngasertifikatkeun widang tanah bogana.

BPN Majalengka ngalaksanakeun program PTSL PM di antarana di wewengkon Kecamatan Majalengka, Panyingkiran jeung di Kecamatan Cigasong. Target awalna 40 rebu widang tanah, di paro taun meunang kuota tambahan 20 rebu widang tanah.

Baca Juga: Hari Sungai Nasional Bupati Bandung jeung Pandawa Grup Ngaberesihan Walungan

Baca Juga: Galura Cetak IV Juli 2023, Kampung Iklim Ciparay Kabupaten Ciamis, Nohagaan Iklim Lokal

"Alhamdulillah tiasa ditambih janten 60 rebu widang tanah, bakal direngsekeun dina anggaran taun ieu," ceuk Wendi Ismawan. Satuluyna Wendi nyebutkeun realisasi ti target awal nu nepi 22 rebu widang sertifikat geus mere mangpaat nu luar biasa pukeun masarakat.

Udin warga Kelurahan Cicurug ngarasa bungah ku ayana program PTSL PM. " Ngadamel sertifikat tanah teh kedah ngaluarkeun biaya nu kawilang awis. Ku ayana program PTSL PM, ngadamel sertifikat kawilang gampil tur mirah,” pokna.

Bupati Majalengka, Karna Sobahi, nu nyaksian pamasrahan sertifikat meredih ka wargana sangkan ngamangpaatkeun program PTSL PM pikeun nyertifikatkeun tanahna sangkan meunang kapastian hukum sarta ngurangan potensi sengketa lahan kahareupna.

"Ieu program dipiharep tiasa kasosialisasikeun supados rayat tiasa saenggalna ngamangpaatkeun program PTSL PM. Simkuring meredih ka sakumna camat katut kepala desa, lurah supados ngadugikeun PTSL PM ka warga," ceuk Bupati Majalengka. *** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah