Mat Peci (3, tamat) Hasil Ngarampog Dibagikeun ka Warga nu Teu Mampu

- 27 Juli 2023, 06:00 WIB
Rahmat Hidayat suargi keur ngora, merankeun Mat Peci dina film Mat Peci.
Rahmat Hidayat suargi keur ngora, merankeun Mat Peci dina film Mat Peci. /



GALURA -Taun 1970-1978, Kota Bandung, ti mimiti wewengkon Cicadas tepi ka Kota Cimahi, sabudeureun Jakarta, Cirebon, Surabaya, jeung sawatara daerah sejenna, taya warga nu bireuk ku ngaran Mat Peci, da puguh begal gangas tea nu teu asa-asa remen ngarogahala nu jadi korbanna.

Ti mimiti kajahatan nu enteng tepi ka nu bengis, tepi ka tega maehan. Remen ngalakonan kajahatan, mindeng oge kaluar-asup pangberokan. Mat Peci, ngaranna mingkin ka koncara, penjahat nu dipikagimir.

Kawanina lain nantrak-bantrakeun, boga pestol ge meunang ngarebut ti anggota polisi nu jogol patutunggalan jeung manehna, tepi ka eta polisi teh perlaya.

Baca Juga: Mat Peci (2) Budak Nunggal, Kolot Beunghar, ku Naon jadi Rampog Gerot?

Baca Juga: Mat Peci (1) Keur Budakna Bageur, Taya Cawadeun, malah Masantren

Boga pestol, Mat Peci mingkin maceuh, ngarampog di mana-mana bari teu weleh jeung mateni. Ngan, memang, nu dirampog ku dirina kalolobaanna mah, turunan Tionghoa nu balik nyokot duit ti bank atawa pangusaha jegud.

Mangsa harita, polisi kawilang taakeun ku kalakuan jahatna Mat Peci jeung batur-baturna. “Ludeung, gede kawani Mat Peci mah,” ceuk Bapa Suharja, 81 taun, nu kiwari bumen-bumen di Gang Masjid, Cicadas Bandung.

Harita, keur maceuhna Mat Peci, imah kulawarga Suharja teu jauh ti lokalisasi. Harita, inyana nyaho pisan, Mat Peci jeung gengna, sok aya di dinya.

Ngan, ceuk Suharja, saha nu wani geruh atuh, komo wani ngalaporkeun ka nu wajib mah. “Lapor ka polisi, resikona nyawa, “ ceuk Suharja.

Matakna, warga Cicadas, lain teu apal ka Mat Peci, ngan leuwih hade jempe, hare-hare. “Matak, mun aya polisi nu nanya, dimana cicingna Mat Peci, dijawab ku teu nyaho we,” pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah