Mat Peci (2) Budak Nunggal, Kolot Beunghar, ku Naon jadi Rampog Gerot?

- 26 Juli 2023, 06:00 WIB
Film Mat Peci taun 1978. Mat Peci diperankeun ku Rachmat Hidayat.
Film Mat Peci taun 1978. Mat Peci diperankeun ku Rachmat Hidayat. /



GALURA -Kang Wawan, urang Kampung Randukurung, Desa Leuwigoong, Kabupaten Garut, mukakeun ingetan lawasna mangsa campur gaul jeung Mat Peci di lemburna waktu keur barudak keneh.

“Enya, jeung kuring, Mat Peci ulin ngojay di Walungan Cibudug, maen bal di buruan Stasiun Leuwigoong, hade maen balna ge, sepakanna tarik ngasipkeun wae kana gawang,” pokna.

Sanggeus maenbal jeung ngojay, terus we Mat Peci jeung Wawan bareng ngaji di madrasah. “Sainget kuring, ngajina ge getol, getol pisan, tepi ka khatamna ge mun teu salah, dua kali,” pokna.

Baca Juga: Mat Peci (1) Keur Budakna Bageur, Taya Cawadeun, malah Masantren

Baca Juga: Galura Cetak IV Juli 2023, Kampung Iklim Ciparay Kabupaten Ciamis, Nohagaan Iklim Lokal

Wawan, neruskeun sakola ka SMP di Leles, Mamat mah tuluy masantren. “Tah, ti dinya mah arang gaul deui, da Mamat mah cicing di pasantren,” pokna.

Gaul deui teh ari pareng Mamat mulang ka lembur. Ngan, ceuk Wawan, cara gaulna jadi robah, Wawan loba maturan ulin Mamat di imahna. “Ti saprak masantren, Mamat ngawatesan diri dina campur gaul, henteu ari tepi ka poho ka batur maen bal mah,” pokna.

Diaku ku Wawan, mangsa keur budakna, Mamat kaasup budak nu cicingeun, tara aya piomongeun kolotna, enya ge budak nunggal nu diogo. “Kuring onaman, keur budak ngalaman gelut jeung batur, Mamat mah estu henteu pisan,” pokna.

Lebah nuluykeun sakola, Wawan teu nyahoeuheun, naha Mamat tuluy masantren henteu neruskeun sakola di sakola umum. “Eta ge kungsi ditanya, ku naon embung sakola, ngajawabna teh, da hayang masantren,” pokna.

Munggaran masantren, sakanyaho Wawan, di daerah Garut Pakidulan. Mangsa Wawan geus diuk di bangku SMA, tepung deui jeung Mamat nu harita katangen geus jadi santri nu masagi.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah