GALURA.CO.ID -Menteri Agraria dan Tata Ruang Badan Pertanahan Nasional (ATR BPN), Hadi Tjahjanto nètèlakeun, sertipikat nu dipanda masarakat, minangka bukti hak kapamilikan lahan.
Hartina, ceuk Tjahjanto, lahan nu dipibanda geus ditangtayungan ku hukum. Lamun seug aya oknum nu ngarebut moal bisa sabab ditangtayungan tèa
Kituna ditepikeun Hadi Tjahjanto dina lolongkrang ngabagèakeun kadatangan Presiden RI, Joko Widodo, dina acara Penyerahan Sertipikat Tanah untuk Rakyat di Gelanggang Olahraga Si Jalak Harupat, Kabupaten Bandung Jawa Barat, Saptu, 3 Pebruari 2024.
Baca Juga: Poè Ieu Jokowi Ngaresmikeun Terminal Leuwipanjang jeung Masrahkeun Setifikat PTSL
Lobana 3. 000 sertipikat tina program Pedaftaran Sistematis Lengkap (PTSL) taun 2023 ditarima warga Kabupaten Bandung. Rencanana Jokowi bakal masrahkeun secara simbolis ka 10 urang.
Hadi Tjahjanto amanat sangkan ngajaga sertipikat nu geus dipibanda. Ulah tepi ka diinjeumkeun ka batur bisi disalahgunakeun, nu ngabalukarkeun karugian nu boga tegesna.
Dina lolongkrang nungguan ngaronghèapna Presiden Jokowi, Hadi Tjahjo ngahibur warga, ngahaleuangkeun sababaraha tembang.*** Sopandi