Taun Ayeuna Pamarèntah Nargetkeun 70.000 Widang PTSL keur 55 Desa di Kabupaten Bandung

- 1 Februari 2024, 19:37 WIB
Kepala Kantor ATR/BPN Kabupaten Bandung (tengah/ nangtung) jeung Panitia Ajudikasi jeung Satuan Tugas PTSL.
Kepala Kantor ATR/BPN Kabupaten Bandung (tengah/ nangtung) jeung Panitia Ajudikasi jeung Satuan Tugas PTSL. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Tahun 2024 pamarèntah nargètkeun 70.000 widang Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkap (PTSL) jang 55 desa di 17 kecamatan di Kabupaten Bandung.

Kepala Kantor Agraria dan Tata Ruang Badan Pertanahan Nasional (ATR BPN) Kabupaten Bandung, Rahmat nètèlakeun, jumlah sakitu tèh luar biasa keur nunjel pangwangunan jeung keur ngaronjatkeun karaharjaan masarakat Kabupaten Bandung.

"Pa Camat, Pa Lurah sareng Pa Kepala Desa nu diistrenan janten panitia PTSL dipiharep tiasa nyukseskeun (PTSL), " ceuk Rahmat waktu ngalantik jeung nyumpah Panitia Ajudikasi dan Satuan Tugas Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkap (PTSL) di Kantor Pertanahan Kabupaten Bandung, di Soreang, Kemis, 1 Pebruari 2024.

Baca Juga: Loba Laporan Dirempakna Aturan Kampanye, Ngan Teu Diproses ku Panwascam Margahayu Kabupaten Bandung

Ceuk Rahmat, ieu lain pagawèan èntèng jaba haratis teh. Tapi Menteri ATR BPN, ceuk Rahmat talatah supagi hadè ngaladenan warga.  "Tapi, teu tiasa masihan kapastian hak ka masarakat upami lahan tanahna teu 'clear and clin'," ceuk Rahmat.

Ku kituna , Rahmat miharep para camat, kapala desa jeung lurah nu wargana narina PTSL kapastian hak jeung atas hak tina masarakat enya-enya bisa dijamin jeung bisa dipastikeun.

"Digampilkeun upami memang warga nu gaduh sareng panguasaanana, dilengkepan surat nyuratna upami memang aranjeunna teu tiasa ngalengkapan. Aya kawenangan simkuring, Pak Bupati, Pak Camat ,sareng Pak Kades kanggo ngabantos," ceuk Rahmat.

Rahmat miharep ka para ketua tim sangkan gawè suhud. "ASN jaman kiwari teu deui sapertos ka pengker, kedah hadir di tengah masarakat mèrè panglayan nu hadè, " pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah