Loba Laporan Dirempakna Aturan Kampanye, Ngan Teu Diproses ku Panwascam Margahayu Kabupaten Bandung

- 1 Februari 2024, 08:22 WIB
Ketua Panwascam Margahayu, Ahmad Ridwan, Ketua (Divisi P3S), Fauzan Sholahudin,j jeung Ketua (Divisi HP2HM) Ratna Kusumawati, teu ngaujaning laku laporan dirempakna aturan kampanye.
Ketua Panwascam Margahayu, Ahmad Ridwan, Ketua (Divisi P3S), Fauzan Sholahudin,j jeung Ketua (Divisi HP2HM) Ratna Kusumawati, teu ngaujaning laku laporan dirempakna aturan kampanye. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Panwascam Margahayu mindeng narima laporan ti warga ku ngirim poto kagiatan kampanye pamilon pemilu nu ngarempak palenggeran kampanye.

Ngan teu bisa jadi bahan laporan ka Bawaslu Kabupaten Bandung sabab nu ngirim poto atawa nu ngalaporkeun teu daekeun jadi saksi, antukna teu bisa diproses.

Kitu anu ditepikeun ku Ketua Panitia Pengawas Kecamatan (Panwascam) Margahayu, Kabupaten Bandung, Ahmad Ridwan di Sekretariat Panwascam Margahayu Lembur Pasawahan Desa Sulamenak, Rebo, 30 Januari 2024.

Baca Juga: Panwascam Kutawaringin Can Nimu Deui Nu Ngarempak Palenggeran dina Minggu ka-8 Mangsa Kampanye

Ahmad Ridwan ngingetan masarakat sangkan tetep taliti dina waktu rèk ngagunakeun hak pilihna di TPS. "Tiasa sateuacan lebet bilik suara nengetan heula surat suara diuningakeun ka panitia. Upami aya nu reksak tiasa dilironkeun, " pokna.

Iwal ti kitu, dina sesa waktu 14 poè deui nyoblos, Panwascam Margahayu ngingetan ka para pihak nu kudu nètral sangkan teu nèmbongkeun mihak ka salahsahiji pamilon pemilu.

Hal ieu ditètèlakeun ku Divisi Penangan Pelanggaran dan Penyelesaian Sengketa(P3S) Fauzan Sholahudin. Nurutkeun Fauzan, para pihak nu kudu nètrak tèh: Aparatur Sipil Negara (ASN), Tentara Nasional Indonesia (TNI), jeung Kepolisian Republik Indonesia (POLRI).

Fauzan umajak ka masarajat sangkan aub dina pangawasan. Mun seug nganyahoankeun aya pamilon pemilu ngarempak katangtuan kampanye sangkan ngiberan ka Panwascam.

Baca Juga: Minggu ka-8 Tahapan Kampanye, Panwaslu Kecamatan Margaasih 21 Kali Cumeluk Ulah Ngarempak Aturan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah