Minggu ka-8 Tahapan Kampanye, Panwaslu Kecamatan Margaasih 21 Kali Cumeluk Ulah Ngarempak Aturan

- 31 Januari 2024, 10:16 WIB
Ketua Panwaslu Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung, Risman Ruswandi (tengah).
Ketua Panwaslu Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung, Risman Ruswandi (tengah). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Panitia Pengawas Pemiliu Kecamatan (Panwascam) Margaasih Kabupaten Bandung tepi ka asup minggu ka-8 mangsa Tahapan Kampanye Pemilu 2024 geus ngalaksanakeun 21 kagiatan dina tarèkah nyengker sangkan pamilon pemilu teu ngarempak aturan kampanye.

Ketua Panwaslu Kecamatan Margaasih, Risman Ruswandi nètèlakeun, luyu regulasi palaksanaan kampanye lumangsung ti tanggal 28 November 2023 tepi ka 10 Pebruari 2024.

"Dinten ieu kaping 31 Januari 2024 ngarupikeun dinten ka-65 pelaksanaan kempanye kanggo sakum paslon sareng pamilon pemilu parteyi politik kanggo kampanye. Dina raraga  pengawasan, Panwaslu Kecamatan Margaasih teras satèkah polah ngalakukeun panyengker, " ceuk Risman di Sekretariat Panwaslu Margaasih, di Komplek CCI Mekarrahayu, Kecamatan Margasih, Rebo 31 Januari 2024.

Baca Juga: Bawaslu Kecamatan Katapang Satekah Polah Nyengker Kampanye nu Ngarempak Aturan

Risman nu dibarengan Koordiv/ HP2HM, Roby Assyddik jeunh Koordiv P3S M. Abdul Gani nandeskeun, Panwascam Margaasih teu ukur museur kana tugas pangawasan, tapi narèkah nyèngker ogè jadi hal nu penting minangka deteksi dini jeung wujud mitigasi kana potensi ngarempak palenggeran di saban hambalan pemilu.

"Salasawiosna tina 21 tarèkah nyengker sangkan pamilon teu ngarempak palenggeran kampanye tèh liwat isurat cumeluk nu ditepikeun boh ka relawan, ka tim kampanye boh ka pananggung jawab acara kampanye nu sumebar di 6 desa di wilayah Kecamatan Margaasih, " ceuk Risman.

Panwaslu Kecamatan Margaasih ogè ceuk Risman, ngalakukeun inventarisasi Alat Peraga Kampanye (APK) mu ngarempak katangtuan sabab dipasang saluareun titik zonasi nu geus ditangtukeun ku KPU Kabupaten Bandung.

"Sajumlah 123 APK geus dilaporkeun ka Bawaslu Kabupaten Bandung luyu jeung Perbawaslu nomer 7 taun 2022 ngeunaan Penanganan Temuan dan Laporan Pelanggaran Pemilu, " ceuk Risman.

Iwal ti èta, Risman ngaku, Panwaslu Kecamatan Margaasih masih kènèh nimu kagiatan kampanye nu dilakukeun ku pamilon pemilu bari teu aya Surat Pemberitahuan nu ditepikeun ka kapolisian nu satuluyna ditembuskeun ka Panwaslu Kecamatan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah