Bawaslu Kecamatan Katapang Satekah Polah Nyengker Kampanye nu Ngarempak Aturan

- 30 Januari 2024, 15:41 WIB
Bawaslu Kecamatan Katapang Kabupaten Bandung nyebutkeun pihakna nyatet lima pelanggaran kampanye di wilayahna.
Bawaslu Kecamatan Katapang Kabupaten Bandung nyebutkeun pihakna nyatet lima pelanggaran kampanye di wilayahna. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Saeutikna aya 5 kampanye pamilon pemilu nu potensi ngarempak aturan tahapan kampanye dina awal taun 2024 bisa dicegah Badan Pengawas Pemilihan Umum (Bawaslu) Kecamatan Katapang Kabupaten Bandung.

Sababaraha kampanye nu potensi ngarempak aturan nu hasil di dicegah Bawaslu Kecamatan Katapang, di antarana ngaubkeun barudak dina Kampanye Flash Mob Partai PKS di Desa Katapang.

Anu sejenna, babagi bahan kampanye di luar katangtuan Undang-Undang ku PDIP di Desa Banyusari, jeung sababaraha partey nu teu boga Surat Tanda Terima Pemberitahuan (STTP), saperti Partai Golkar, Partai Nasdem, jeung PKB di Wilayah Kecamatan Katapang.

Baca Juga: Panwaslu Kecamatan Cigugur, Ngutamakeun Koordinasi Dina Nalingakeun Logistik Pemilu

"Saatos koordinasi sareng pihak nu aya patalina, sadayana paham sareng ngaluyukeun katangtuan palaksanaan kampanye luyu sareng undang-undang," ceuk Ra’abi.

Koordinator Divisi Pencegahan, Partisipasi, dan Hubungan Masyarakat Bawaslu Kecamatan Katapang, Rijal Mustopa, nètèlakeun, salila pangawasan tahapan kampanye, Bawaslu ngamaksimalkeun proses panyinglar ku ngalakukeun sosialisasi make media sosial Instagram jeung sacara langsung ka masarakat.

"Sababaraha kali sosialisasi dilakukeun nu sasaranna ibu-ibu pangajian sareng pamuda karang taruna. Sajaba ti kitu, dina saban pangawasan kagiatan kampanye Bawaslu Kecamatan Katapang leresan dieu PKD teu welèh ngadugikeun surat imbauan patali aturan-aturan ka pananggung jawab kegiatan kampanye," ceuk Rijal.

Rijal miharep ku ieu tarèkah bisa ngurangan palanggaran tur tetap ngalakukeun panindakan mun seug palenggeran teu bisa disinglar..

Ketua Bawaslu Kecamatan Katapang, Ferry Vebrian Hamdani, miharep satutas dilantikna Pengawas TPS sakecamatan Katapang, bisa mantuan pangawasan kana kampanye nu lumangsung tepi ka tanggal 10 Pebruari 2024.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x