GALURA.CO.ID- Kapolresta Bandung, Kombes Pol Kusworo Wibowo amanat ka masarakat sangkan ngagunakeun hak pilihna dina pemilu tanggal 24 Pebruari 2024 enkè.
Amanat kitu ditepikeun Kapolresta dina lolongkrang Jum'at Curhat Kapolresta Bandung di Yayasan Pondok Pesantren Miftahul Jannah An-Nuryyah , Lembur Sadang Pasantten RT 05 RW 12 Desa Margagayu Tengah Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung, Juma'ah, 26 Januari 2024.
Dina Jum'at curhat ieu Kapolresta ngajawab curhat ti warga nu nanyakeun tingkatan tina obat keras, jeung bahaya narkoba. Kapolres ngajelaskeun Undang-undang narkotika jeung undang-undang kesèhatan.
Baca Juga: Wakapolres Majalengka Mingpin Upacara Prosesi Ngurebkeun AKP Nana Suhana
Iwal ti kiru warga ogè aya nu ngangluhkeun macèt di jalan Sadang, jeung kaayaan gerbang tol Kopo nu sok digunakeun tempat ngetèm jeung nurunkeun panumpang, padahal lain terminal. "Tangtos ieu badè dibadantenkeun rukun damel sareng Jasa Marga, " ceuk Kombes Pol Kusworo.
Kepala Desa Margahayu Tengah, Asep Zaenal Mahmud, nètèlakeun, di desana memang kajadian macet, di Jalan Sadang, tapi ukur sakeudeung dina waktu jam gawè budalan sorè.
Jum'at Curhat diluuhan unsur Muspika Kecamatan Margahayu. Polsek Margahayu ,Kompol Rizal Adam Al Hasan Ahmad Sopian, Kepal Desa Nargahayu Tengah, Asep Zaenal Mahmud, jeung unsur nu sèjènna.*** Sopandi