Imah Anu Katarajang Angin di Kuningan, Dihadean Ku Cara Rereongan

- 25 Januari 2024, 18:05 WIB
Bangunan bengkel ruksak kasapu angin, di Desa Cinsgara, Kecamatan Lebakwangi, Kabupaten Kuningan, Rebo. 24 Januari 2024
Bangunan bengkel ruksak kasapu angin, di Desa Cinsgara, Kecamatan Lebakwangi, Kabupaten Kuningan, Rebo. 24 Januari 2024 /BPBD Kuningan/

GALURA-Sababaraha imah warga anu keuna ku bencana angin lilimbungan di Desa Cinagara, Kecamatan Lebakwangi, Kabupaten Kuningan, dina Poe Rebo, 24 Januari 2024), kiwari aya diantarana anu geus dihadean ku cara rereongan masarakat.

Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan, Indra Bayu Permana, nyebutkeun sababaraha imah warga anu geus dihadean nyaeta imah anu ruksakna teu parna.


Indra ngeceskeun, dumasar hasil asesmen patugas BPBD Kabupaten Kuningan, aya 11 imah anu teu parna, hiji imah  ruksak sedeng. Sajaba eta, aya  bengkel, sarana pendidikan jeung sarana kesehatan anu ruksak.

 
“Sabagean bumi anu reksak tos didangdosan. Salajengna bade koordinasi sareng pihak desa. Kitu deui sareng pihak instansi sanesna,” ceuk Indra.


Sakumaha anu kabejakeun, aya 15 rumah warga jeung hiji bangunan bengkel di Desa Cinagara, Kecamatan Lebakwangi, Kabupaten Kuningan, ruksak alatan bencana angin lilimbungan.


Tina jumlah sakitu, 14 imah diantarana ruksakna henteu parna, semet bagean suhunan kawas kenteng, asbes jeung spandek.

Sajaba di Desa Cinagara, angin lilimbungan narajang 2 imah di Desa Cineumbeuy Kecamatan Lebakwangi.


“Kanggo kaperyogian darurat dina ngahadean bumi anu reksak, diantarana wae material bangunan, terpal , logistik sareng Cainsaw,”ceuk Indra Bayu.***
Indra Bayu.***.

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x