Legislator PKB, KH Maman Imanulhaq Merjoangkeun Gajih Pendamping PKH Naek, Rp 5 Juta

- 26 Januari 2024, 06:37 WIB
KH Maman Imanulhaq  legislator ti PKB merjuangkeun sangkan gajih pendamping PKH undak.
KH Maman Imanulhaq legislator ti PKB merjuangkeun sangkan gajih pendamping PKH undak. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Anggota Komisi VIII DPR RI ti PKB, KH Maman Imanulhaq, meredih nagara mere perhatian leuwih ka sakumna Pendamping Program Keluarga Harapan (PKH).

KH Maman Imanulhaq  oge ngusulkeun gajih pendamping PKH sabulanna jadi Rp 5 juta, minangka bukti pangajen ka sakumna SDM Pendamping PKH nu kabukti sukses mere pelayanan ka sakumna penerima manfaat di desa-desa.

"Simkuring katut rengrengan di Komisi VIII DPR RI mindeng ngusulkeun kangge ngaronjatkeun gajih sakumna pendamping PKH," ceuk KH Maman Imanulhaq.

Baca Juga: Pj Bupati Dedi Supandi Bakal Ngabantu Pangrajin Anyaman Awi Sangkan Tetep Nanjeur

"Padamelan aranjeunna di lapangan teu gampil kangge masihan pendampingan ka masarakat kirang mampuh supados kenging akses kana perlindungan sosial sareng kasehatan," ceuk Kang Maman ka wartawan rengse mere paparan konci dina kagiatan Penguatan Kapasitas Sumber Daya Manusia Program Keluarga Harapan, di Hotel Horizon Majalengka, Kemis (25/01/2024).

Salian kanaekan gajih nu layak, ieu Dewan Syuro DPP PKB oge miharep sakumna SDM Pendamping PKH  diasuransikeun kasehatanana sarta dibere bonus lianna sangkan leuwih sumanget deui dina ngalaksanakeun tugas-tugasna.

Komisi VIII DPR RI minangka mitra kerja Kementerian Sosial oge ngrojong sakumna SDM Pendamping PKH keur dipeuseuh sangkan leuwih profesional sarta rancage dina ngalayadenan masarakat.

"Ku ayana SDM PKH nu profesional, pasualan-pasualan nu salami ieu aya di lapangan sapertos validasi data bakal  ngirangan," ceuk Kyai Maman.

Baca Juga: Diistrenana 5.741.127 anggota KPPS Pemilu 2024 sa-Indonesia Asup Rekor MURI

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x