Kapolres Majalengka Ngaroris TK Kemala Bhayangkari 33 Maja jeung TK Kemala Bhayangkari 62 Talaga

- 24 Januari 2024, 10:30 WIB
Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR.,  dipoto bareng jeung  siswa TK.
Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., dipoto bareng jeung siswa TK. /Ayank/glura.co.id

GALURA.CO.ID -Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., nganjang ka dua Sakola Taman Kanak Kanak (TK) nu aya di wilayah  hukum Polres Majalengka: TK Kemala Bhayangkari 33 Maja jeung TK Kemala Bhayangkari 62 Talaga, Salasa (23/1/2024).

Kapolres Majalengka Kagiatan dibarengan ku pejabat utama Polres Majalengka sarta diluuhan ku Muspika Maja katut Muspika Talaga.

Tujuanana ngapresiasi siswa di dua TK bieu jeung hayang nyaksian langsung  kondisi pendidikan  pembelajaran nu keur lumangsung.

Baca Juga: SMA Pasundan 7 Kota Bandung jeung SMA Pasundan 3 Kota Cimahi Nyiptakeun Sakola Unggulan jeung Atlit

Ieu kagiatan oge sakaligus minangka bukti rojongan Polres Majalengka ka dunya atikan di wilayah hukumna.

Kapolres Majalengka dibageakeun  ku Kepala TK Kemala Bhayangkari 33 Maja, Tati Hartati, S.Pd, jeung Kepala TK Kemala Bhayangkari 62 Talaga, Teti Rostiawati, S.Pd, katut guru, staf, sarta sakumna murid-murid TK.

Kapolres ngahatur nuhnkeun kana rempug gawe jeung dedikasi sakumna tanaga pendidik dina ngadidik generasi ngora.

Kapolres Majalengka cumeluk ngeunaan kaamanan jeung kasalametan keur sakumna siswa, sarta umajak  pikeun teras diajar kalayan soson-soson tur sumanget.

Kapolres ngelingan pentingna pendidikan nu jadi pondasi utama dina ngabentuk karakter anak didik sangkan jadi generasi nu cerdas tur mibanda budi pekerti luhur.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x