Pj Bupati Dedi Supandi Bakal Ngabantu Pangrajin Anyaman Awi Sangkan Tetep Nanjeur

- 25 Januari 2024, 17:00 WIB
Pj Bupati Majalengka ngariung jeung pangrajin awi.
Pj Bupati Majalengka ngariung jeung pangrajin awi. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Pamarentah Kabupaten (Pemkab) Majalengka ngarojong produk unggulan  anyaman awi nu aya di Kecamatan Leuwimunding, Palasah, jeung Kecamatan Rajagaluh sangkan bisa leuwih  nguniang tur tetep nanjeur dina kamotekaran jaman.

Pj Bupati Majalengka Dedi Supandi bakal ngabantu sakumna pengrajin anyaman awi di wewengkon Desa Naggerang Kecamatan Leuwimunding.

Hal eta disebutkeun Pj Bupati Majalengka nalika tumorojog ka Desa Naggerang Kecamatan Leuwimunding, Rebo (24/01/2024 ).

Baca Juga: Pj Bupati Majalengka Silaturahmi jeung LSM. Aya Patalina jeung Pilpres?

Dedi Supandi nyebutkeun sakumna pangrajin  bakal dibina ku Disperdangin, boh permodalan , pembinaan boh pemasaran ngaliwatan kagiatan jeung event lokal katut nasional.

"Kapayunna hasil pengrajin bakal dibantos dina pemasaranna, kangge cindramata, oleh-oleh kangge nu amengan ka Majalengka boh. Bakal dilebetkeun kana kagiatan pameran-pameran nu aya di tingkat lokal sareng nasional," ceuk Pj Bupati.

Msarakat Desa Nanggerang, Kecamatan Leuwimunding mayoritas pakasabanna kana anyaman awi.

"Anyaman awi saperti boboko, hihid, jeung lianna salasawios tradisi turun-tumurun ti awitan jaman kapungkur, .ceuk salah saurng pengrajin anyaman awi, Aminah (50).

Baca Juga: Kapolres Majalengka Ngaroris TK Kemala Bhayangkari 33 Maja jeung TK Kemala Bhayangkari 62 Talaga

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah