GALURA.CO.ID. LSM Penjara Indonesia sakumaha ditepikeun ku Ketua DPD LSM Penjara Indonesia, DB Setiabudhi, M.Pd., masarakat Majalengka geus mimiti heraneun kana sikep Pj Bupati Majalengka dina lebah Pemilu 2024.
"Saatosna di analisa, masarakat Kabupaten Majalengka tos sueur nu tumaros ku naon Pj Bupati Majalengka sapertos aya nu ngarahkeun? Di tatanan birokrasi ngawitan kaku, di masarakat oge ngawitan kaku,” ceuk DB Setiabudhi.
Ceuk Budhi, Pj Bupati Majalengka kudu dilelempeng sangkan netral. Eta nu bakal ditepikeun ka Pj Bupati Majalengka. Ngan audensi nu direncanakeun Kemis, 18 Januari 2024, henteu jadi. Pj Bupati Majalengka teu daekkeun nepunga.
Baca Juga: Pj Bupati Majalengka Medalkeun Program Majalengka Berbicara keur Ngawadahan Aspirasi Warga
Anu narima LSM Penjara Indonesia harita ukur Kepala Bakesbangpol Majalengka. Budhi nolak mun ukur nyarita ka Kepala Bakesbangpol Majalengka.
"Dipikahariwang subtansi anu didugikeun ku LSM Penjara Indonesia teu dugi ka Pj Bupati," ceuk DB Setiabudhi.
Budhi ngarencanakeun ngagelar aksi unjuk rasa sanggeus pihakna (LSM Penjara Indonesia) ngarasa kuciwa kana teu hadirna Pj. Bupati Majalengka pikeun nepungan pihakna (audiensi).
Inyana nyebutkeun aksi demo nu bakal digelar ku LSM Penjara Indonesia bakal dilaksanakeun salila Pj Bupati Majalengka teu daek nepungan.
“Upami teu lepat, penjabat bakal ngajabat salami dalapan sasih. Salami tacan nampi simkuring katut rengrengan, tangtos bakal unggal sasih ngalaksanakeun unjuk rasa teras-terasan," ceuk Budhi.