Pj Bupati Majalengka Medalkeun Program 'Majalengka Berbicara' keur Ngawadahan Aspirasi Warga

- 17 Januari 2024, 09:00 WIB
Pj Bupati Majalengka silaturahmi ka kantor Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Majalengka. Salasa (16/01/2024),
Pj Bupati Majalengka silaturahmi ka kantor Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Majalengka. Salasa (16/01/2024), /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ngawadahan aspirasi, ide, kritik jeung kamandang ti masarakat Pj Bupati Majalengka H. Dedi Supandi bakal ngaagendakeun program "Majalengka Berbicara," nu bakal dilaksankeun sabulan sakali.

"Program Majalengka Berbicara atanapi Malabar janten sarana urang sadaya kangge sasarengan ngawangun Majalengka nu lngkung hade, ngalangkungan curah ide tur gagasan," ceuk Dedi.

Pj Bupati Majalengka netelakeun hal eta nalika silaturahmi ka kantor Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Majalengka. Salasa (16/01/2024), dibarengn ku Kepala Dinas Kominfo H Gatot Sulaeman sarta unsur muspika sa-Kecamatan Majalengka.

Baca Juga: Patani Ngangluh Pupuk Subsidi Langka, Pj Bupati Majalengka Sidak ka Kios Pupuk

Ku Majalengka Berbicara, dipiharep bisa mengkuhkeun aubna masarakat dina proses netepkeun kaputusan. Sakaligus mastikeun kawijakan nu dikaluarkeun bener-bener nembongkeun kabutuhan jeung harepan warga Majalengka.

Salian interaksi jeung pingpinan OPD, ceuk Pj Bupati Majalengka, pihakna ngarecanakeun bubulusukan ka kantor kecamatan jeung desa sa- Majalengka, dina poe Rebo jeung Jumaah.

"Tujuanna, sanes mung nyerep aspirasi masarakat, tapi ningali langsung kondisi nyata di satiap desa. Potensi wisatana, ekonomina, kasehatanana, infrastrukturna, seni budayana, pon kitu deui pangwangunan sanesna," ceuk Dedi Supandi.

Bubulusukan ka desa-desa teh enggoning ngaguar potensi ekonomi di desa. “Kahoyong mah aya pasar malam di satiap kecamatan. Harepanana tiasa ngaronjatkeun indeks kagumbiraan masarakat sarta numuwuhkeun ekonomi di satiap desa," ceuk Dedi.

Baca Juga: Pj Bupati Majalengka Sidak ka Pabrik-pabrik, Hariwangeun Mahabu Calo, TKA ti Korea jeung China

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x