GALURA.CO.ID -Mahabuna praktek percaloan nu kajadian di lapangan nalika rek digawe ka pabrik nu aya di Kabupaten Majalengka, gancang direspon Pj Bupati Majalengka, Dedi Supandi.
Pikeun croscek bener henteuna, Salasa (9/01/2024) Pj Bupati Majalengka dibarengan ku Sekda H. Eman Suherman, Kadis Ketenagaankerja dan KUKM, Arif Daryana laha-loho ka sababaraha pabrik, di antarana PT. Swift Ilsin Ots Indo, PT. Harapan Global Apparel, PT. Delta Mate Majalengka jeung PT. Shoetown Ligung.
"Dinten ieu sim kuring kunjungan ka sababaraha pabrik kangge tumaros dugi ka mana rekrutmen padamel di satiap pausahaan pabrik," ceuk Dedi.
Baca Juga: Kapolres Majalengka Ngaluuhan Upacara Sertijab Pejabat di Jajaran Polda Jabar
Inyana umajak ka pausahaan jeung masarakat nengetan calo nu ngaku bisa ngasupkeun nu hayang digawe ka pabrik.
Pj. Bupati miharep pausahaan-pausahaan teu rempug gawe ngasupkeun calon pekerja ngaliwatan percaloan kalayan dipenta duit leuwih ti heula. Sabab hal eta bisa ngarugikeun masarakat.
Pikeun ngaminimalisir kajadian praktek percaloan Pamarentah Kabupaten Majalengka ngaliwatan Dinas Ketenagakerjaan dan KUKM bakal nyieun program rekrutmen tenaga kerja pabrik.
Rekrutmen ngaliwatan jalur resmi kalayan ngaleng Lembaga Pelatihan Kerja (LPK) sarta aya 19 LPK nu bakal rempug gawe jeung Dinas Ketenagakerjaan dan KUKM.
Baca Juga: Pulisi di Majalengka Taya Reureuhna Nartibkeun Knalpot Brong