Pulisi di Majalengka Taya Reureuhna Nartibkeun Knalpot Brong

- 11 Januari 2024, 11:00 WIB
Jajaran Satlantas Polres Majalengka Polda Jabar ngarazia motor nu make knalpot brong, Rebo (10/01/2024).
Jajaran Satlantas Polres Majalengka Polda Jabar ngarazia motor nu make knalpot brong, Rebo (10/01/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Jajaran Satlantas Polres Majalengka Polda Jabar taya reureuhna ngarazia motor nu make knalpot brong, saperti Rebo (10/01/2024). Razia knalpot brong dilaksanakeun di sababaraha tempat di wilayah hukum Polres Majalengka.

Razia knalpot brong luyu jeung arahan ti Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR. Razia dipingpin langsung ku Kasat Lantas Polres Majalengka, AKP Mohammad Ali, S.H., M.M.

Nartibkeun knalpot brong teh lengkah konkret Polres Majalengka dina nerapkeun aturan lalu lintas jeung nyiptakeun katartiban di jalan raya. AKP Mohammad Ali, netelakeun ieu kagiatan dilaksanakeun tarekah keur ngaronjatkeun kasadaran tur kadisiplinan warga kana peraturan lalu lintas.

Baca Juga: Kaayaan PMI Majalengka, boh Bangunana boh Saranana Matak Pikamelangeun

"Dina ieu panartiban, pihak kapulisian fokus kana kandaraan nu ngagunakeun knalpot brong sarta knalpot nu teu saluyu standar. Hal ieu dilaksanakeun pikeun nyipatkeun lingkungan jalan raya nu merenah tur aman kangge sakumna nu ngagunakeun jalan," ceuk AKP Mohammad Ali.

Patugas Satlantas Polres Majalengka mariksa kana kandaraan-kandaraan nu dicuriga ngagunakan knalpot brong jeung nu teu standar. Nu ngarempak aturan diegor jeung diperedih pikeun sagancangna ngaganti knalpotna sangkan saluyu jeung standar.

"Knalpot brong nu gandeng salian ti ngaganggu masarakat, oge kitu tiasa ngabalukarkeun gangguan kasehatan tur ngarempak palaturan lalu lintas. "Dipiharep ku ayana ieu kagiatanu, kasadaran masarakat pikeun ngestokeun aturan lalu lintas langkung ngaronjat," ceuk AKP Mohammad Ali.

Kasat Lantas Polres Majalengka oge nandeskeun pentingna kasalametan lalu lintas. Inyana cumeluk sangkan masarakat ngestokeun palaturan lalu lintas, nu make motor ngagunakan helm, jeung ngajaga kandaraan sangkan aya dina kondisi hade.

Ceuk Kasat Lantas Polres Majalengka bakal teras ngalaksanakeun kagiatan panartiban jeung sosialisasi aturan lalu lintas keur nyiptakeun kaamanan jeung katartiban di jalan raya.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x