Mapag Nataru Polres Majalengka Ngamusnahkeun Miras Hasil Operasi Pekat Lodaya

- 21 Desember 2023, 20:30 WIB
Polres Majalengka ngamusnahkeun minuman keras (miras) hasil Operasi Pekat Lodaya (21/12/2023)..
Polres Majalengka ngamusnahkeun minuman keras (miras) hasil Operasi Pekat Lodaya (21/12/2023).. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Dina tarekah ngajaga kondisi kamtibmas nu aman tur mapag Hari Raya Natal taun 2023 jeung Tahun Baru 2024 (Nataru), Polres Majalengka ngamusnahkeun minuman keras (miras) hasil Operasi Pekat Lodaya.

Acarana lumangsung di pakarangan Polres Majalengka, Kemis (21/12/2023),  dipingpin langsung ku Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR.

Eta kagiatan diluuhan ku Pejabat Bupati Majalengka H. Dedi Supandi, S.STP., M.Si., Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., Sekda Mjalengka Drs. H. Emn Suherman MM., unsur Forkopimda, sakumna tokoh masarakat, pejabat utama Polres Majalengka, Kapolsek Jajaran Polres Majalengka, sarta tamu ondangan lianna.

Baca Juga: Taun 2023 Disdik Kabupaten Majalengka Nyumbang Satengahna Tina Beubeunangan Baznas Majalengka

Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., nyebutkeun moncerna pangwangunan di Kabupaten Majalengka, nu utama jadi sentral pangwangunan di wilayah wetan Provinsi Jawa Barat, potensi ngabalukarkeun dampak negatif.

Salasahiji nu perelu diantisipasi: tambah legana sumebarna minuman keras jeung narkoba di Kabupaten Majalengka.

"Ieu janten tangtangan kangge urang sadaya. Pulisi kedah ngantisipasi aksi kajahatan sarta nerekabna miras nu tiasa ngabalukarkeun gangguan kamtibmas," ceuk Kapolres Majalengka.

Kapolres netelakeun ngamusnahkeun barang bukti miras teh bukti kadariaan jeung bukti nyata rempug gawe sakumna pihak.

Baca Juga: Natal jeung Taun Anyar 2024, Patugas Mariksa Kandaraan, Manggihan Supir Teu Nyumponan Sarat Nyupiran

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah